Page:Wawacan Babad Sumedang.djvu/3

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has been validated.
3
 

sambahiyang anu opat, //
tah aksara dua kénéh,
nya éta ngaranna tingkah,
nya éta ngaran saréat,
ari salat anu peredu,
nya éta ngaranna islam.


10.

Islamna mah sing kaharti,
euweuh nu opat perkara,
sabab hanteu kacarita,
aya sawangan babasan,
kumpul nu hiji perkara,
rupa rupi reujeung semu,
mungguh tina hiji rupa.


11.

Rupa anu hiji rupi,
warna éta geus opat,
ngaran kitab nu bolongor,
nya éta di kalam mangsa,
kalam mangsi anu nyata,
jeung dalil tajibul wujud,
wujudna éta nu nyata.


12.

Tah éta enggeus patitis,
tatakeun ku polah urang,
mangga masing kahartos,
larapkeun kana salira,
ulah pisan lalawora,
bisi matak jadi seru,
ahirna jadi tunggara.


13.

Ari asalna sim kuring,
nukil tina kitab kuna,
asalna pusaka kahot,