Page:Wawacan Babad Sumedang.djvu/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has been validated.
11
 
tapi tékad hamo ngoja.


5. Lamun teu jeung élmu pasti,

tanggeul pisan bisa nyata,
lamun henteu perelenté,
nyata sing bisa nyarita,
hartina nyarita éta,
lamun ngarti tangtu buntu,
nya éta nu ngaran nyata.

6. Najan beunta teu ningali,

hartina kurang pertéla,
ngaji sok kurang pertéla,
muji dikir lahaula,
tékad teu daya upaya,
tah éta salaku-laku,
ilmuna kurang pertéla.

7. Sabab basa muji dikir,

geura mangga baé kahkar,
masing datang ka bolékér,
sabab saupama sekar,
lamunna henteu di bongkar,
sareng seungitna téh akur,
ibarat tangkal jeung akar.

8. Ayeuna ieu diwisik,

bab sahadat masing asak,
dina tékad ulah dek sek,
badan téh lamun geus asak,
geus hamo pisan ngaruksak,
da badan téh enggeus sepuh,
anggur badan ampir ruksak.