Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/62

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

tanggah ngadji kagagahan,
ngadjaga moesoeh rek datang,
moen datang kari ngalawan.

Djeug teundeun noe kasep Rangga Wajang.

Kotjapkeun noe kasep Djaga Ripoeh, barang moelih ti hoeloe dajeuh ana boes ka djĕro nagara ngahoelĕng bari pokna: "beu, tiwas, mo teu si Rangga Wajang noe koe aing dikandoeng teh, ajeuna mantog bari ngagoeboeg doeloer batoer, banda sanagara dibawa. Rasa binasa sia koe aing, dek ditjatjag diwalang-walang, lamoen tatjan boeboek anjoet djadi lĕboe, ngalĕkĕtĕj djadi lĕga tatjan poeas rasa aing."

Djaga Ripoeh reup geuneuk, raj pias, sarta enggal angkat ka nagara Koeta Waringin.

Basana ngĕntoeg ngagoeroeh,
basana ngĕntĕg ngagĕdĕr,
gobang ĕnggeus ngabar bae,
koleang gandeuang angkat,
barang geus soemping di hoeloe,
nagara Koeta Waringin,
djĕgor nangtang ngadjak pĕrang,
totondjolan sosongkolan,
bari njaoer kieu pokna:
"lamoen aja maoeng poendoeng,
lamoen aja badak galak,
tjik aing nja ngamoek inja."

Ngoeng kadangoe, ngeng kadenge koe noe geulis Soemoer Bandoeng, tjoendoek moesoeh datang lawan, enggalna njaoer ka toeang raka, Raden Rangga Wajang, pokna: "ĕngkang, moesoeh teh geus datang, geura lawan."

Saoerna Rangga Wajang: "Njai, akang mo waka mawa parabot pĕrang, noe kasep Djaga Ripoeh dek diadjak taloek bae."

Koleang bari pajoengan,
anoe kasep Rangga Wajang,
tjĕtrek toenggangna gamparan,
mĕntĕlĕng lilingga intĕn,
soempingna ka hoeloe dajeuh,
anoe eukeur nangtang pĕrang,
kasampak keur sosongkolan,

Rangga Wajang toeloej njaoer ka noe kasep Djaga Ripoeh, pokna: "ji, montong teuing ngadjak pĕrang, oerang koemawoela bae anggoer, da toeang rai, anoe geulis Sĕkar Pakoean, geus di dieu, banda pon nja kitoe deui."

Tembalna Djaga Ripoeh: "nadjis teuing, ngawoela djoerig djarian, ngawoela ka djanggĕl djagong, dewek mah teu rek koemawoela, barina deui sia, Rangga Wajang, djahat katjida, koe naon doeloer batoer digoeboeg banda dibawa?"

Barang kitoe, Rangga Wajang didoepak koe noe kasep Djaga Ripoeh, tapi teu pisan-pisan ambĕk, kalah kaimoet bae.

Sanggeus keuheul ngadoepakan, Djaga Ripoeh toeloej njingsatkeun sindjangna