Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/60

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

soempingna ka kebon kĕmbang,
kapanggih Den Djaga Ripoeh.

Sanggeus soemping, Rangga Wajang ngadodoho ti toekang ka noe kasep Djaga Ripoeh, toeloej ditindjoel, ana ngareret Djaga Ripoeh imoet bari njaoer, pokna: "naha noe geulis teh ngabobodo ka akang, make tjarogean ka ratoe; hiap, Njai, oerang kandoeng, oerang moelih ka nagara Roetjoek Pakoean, ĕngkang njelehkeun banda katoet nagara".

Ari tjeuk Soemoer Bandoeng tiroean: "soemangga teuing, ĕngkang".

Ti dinja Rangga Wajang (Soemoer Bandoeng tiroean) ditewak koe noe kasep Djaga Ripoeh, gĕbloes kana kandoengkeun, gĕlĕnjoe imoet Rangga Wajang dina kandoengan.

Djaga Ripoeh teu oeninga jen ngandoeng pimoesoeheun, mamawa pilawaneun.

Ari tjek Soemoer Bandoeng tiroean: "ĕngkang, koe hajang ngising".

Saoerna Djaga Ripoeh: "dek kiïh, ngising, dina kandoengan bae, eulis".

Barĕng ĕnggeus dikandoengan, Soemoer Bandoeng tiroean, koe noe kasep Djaga Ripoeh toeloej geuat-geuat moelih ka nagara Roetjoek Pakoean.

Koleang noe kabalapan,
ageung tineung tjangkar manah,
bisa ngingkleung anak deungeun,
bisa milĕgok minandjak,
soempingna ka nagarana,
nagara Roetjoek Pakoean,
goeroedjag ka padalĕman,
ka raïna anoe geulis,
noe geulis Sekar Pakoean.

Dĕmi saoerna noe kasep Djaga Ripoeh ka toeang raina, Njai Sekar Pakoean, pokna: "Njai, akang mihape ieu anoe geulis Soemoer Bandoeng, koe Njai koedoe diakoe didjaga sing hade-hade di padalĕman, ari akang ajeuna rek mapag si Rangga Wajang di hoeloe dajeuh, bisi manehna njoesoel".

Oerang toenda tjarita noe kasep Djaga Ripoeh ka hoeloe dajeuh.

Tjatoerkeun noe di padalĕman; leungit Soemoer Bandoeng, timboel Rangga Wajang.

Noe geulis Sĕkar Pakoean,
ngarontok ka Rangga Wajang:
"bage dawĕg kĕmbang djambe,
kamajang bagea datang,
kĕmbang tjalik dina tjĕpil,
anaking kakara soemping,
oelah dihoeroen soeloehkeun,
oelah dikompet daoenkeun,
misah njawa misah badan,
misah diri djeung rĕdjĕki,
koering mah rek miloe bae,
ka Koeta nagri Waringin".

Saoerna Rangga Wajang: "soemangga, Njai, oelah rea kasaoeran, geura hiap bae rek miloe mah".