Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/56

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Hariring mantri goemaligoet ratoe njaoer, pokna: "he, Kalang Soetra, saha noe taloek?"

Oendjoekan Kalang Soetra: "soemoehoen, Njai Nimbang Waringin, roa banda rek njanggakeun".

Enggalna anoe kasep Rangga Wajang toeloej bae oendjoekan ka kangdjeng ratoe, ari pokna: "soemangga, abdi njanggakeun ieu poen doeloer Nji Soemoer Bandoeng, titip beurang kalawan peuting, njanggakeun soteh hĕnteu sae, hĕnteu sae, hĕnteu hade, kawantoe tatjan bisa popolah popolah atjan, ana popolah sok djabrag-djabroeg djambraolang, moen ngawadjit sok make tarasi, mĕntjok make djaringao, ana ngangeun waloeh sok djeung dadapoeranana, njambaraan angeun sok dibeuweung, sok gĕdag lalampahanana, tah, sakitoe kasaenjanana".

Hariring mantri goemaligoet ratoe njaoer, njabda beukas ka toeang raka noe kasep Rangga Wajang, pokna:

"noehoen pisan rewoe-rewoe,
gĕrah teh balaksa-laksa,
beurat njoehoen beurat nanggoeng,
beurat narimakeun inja,
geulis mah toeroenan mantri,
endah mah toeroenan menak,
aloes mah poetra joegjoegan,
eukeur pantĕng ka noe koneng,
tjoeëut nineung ka noe hideung,
palaj ka noe bangbang awak".

Sanggeus kitoe, kangdjeng ratoe toeloej njaoer ka geureuhana noe geulis Nimbang Waringin, pokna: "Njai, amit, ĕngkang rek njandoeng."

"Soekoer-soekoer loba waroe,
pigeusaneun lege naek,
soekoer-soekoer loba maroe,
pigeusaneun neundeun tjarek."

"Tah, sakitoe", wangsoelanana noe geulis Nimbang Waringin.

Kangdjĕng ratoe toeloej njaoer ka noe geulis Soemoer Bandoeng, pokna: "Njai, ari djeung maroe mah, oelah sok silihtibakeun, koedoe roentoet raoet, lamoen ka saloehoereun mah koedoe miïndoeng, ari ka sahandapeun koedoe mipoetra; laboeh koedoe silihhoedangkeun, ka tjai koedoe djadi saleuwi, ka darat koedoe djadi salogak".

Nimbang Waringin nja kitoe deui misaoer ka noe geulis Soemoer Bandoeng, pokna: "eteh mah nitipkeun salaki, njelehkeun tjaroge; soegih moekti eteh mah geus kapanggih, ajeuna mah soepaja diangkĕn bae".

Tembalna noe geulis Soemoer Bandoeng: "noehoen sareboe, gĕrah salaksa".

Dĕmi Langĕn Sari djeung Rangga Wajang didjĕnĕngkeun papatih di nagara Koeta Waringin.

Kotjapkeun pawarang noe opat poeloeh poendjoel tiloe keur mandoan ratoe.

Tjaritakeun noe kasep Kalang Soetra toeloej njaoer ka Lengser, pokna: "Lengser geura koempoelkeun ponggawa sanagara Koeta Waringin, ajeuna oge oerang tataloe rerendenganana Soemoer Bandoeng sarĕng ratoe".