Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/52

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

sagĕde beuti tjariang,
ari anoe tina tjangkeng,
saroea djeung boeah wareng."

Dĕmi saoerna Njai Soemoer Bandoeng.

Barang geus soemping di sawarga loka manggoeng, pokna: „Soenan Iboe, abdi nĕda eureun nama deungdeung, pepes kesang kadjeun sono balik deui".

Ari Nimbang Waringin mah brĕk bae dina lahoenan Soemoer Bandoeng bari nangis, sakĕpĕr godong waringin, sakiwat bawaning angin.

Barang geus kitoe, kadangoe koe Soenan Iboe, ret ka noe geulis Soemoer Bandoeng bari njaoer, pokna: „eh, Soemoer Bandoeng, Iboe rek diadjar tikoro kotokeun, tjareham hajameun, rek diadjar nanja, rek ka mana, poelang ti mana, anoe matak ti boeana pantja tĕngah datang ka dieu".

Soemoer Bandoeng song njĕmbah bari oendjoekan, pokna: „Soenan Iboe, anoe mawi abdi ngadeuheus, abdi njoehoenkeun soepados ieu Nimbang Waringin ditaloekeun pĕrangna sarĕng abdi, noe mawi pĕrang parantos lami teu aja toengtoengna".

„Taroeng geus bĕrtaoen-taoen,
pĕrang geus berboelan-boelan,
hĕnteu aja anoe taloek,
ari asalna simabdi,
arek lalandjang boeboedjang,
manehna teh timboeroean,
timboeroean teu poepoegoeh,
manehna teh toempang tĕrka,
nĕrkana ka noe saliwat,
nja ka abdi anoe poegoeh".

Enggalna Nimbang Waringin koredjat hoedang, song njĕmbah bari njaoer ka Soenan Iboe, pokna: „Iboe, djisimabdi ajeuna hamo deui-deui nganiaja ka Soemoer Bandoeng, bade sĕdja koemawoela bae, bela toemoetoer nitipkeun salaki, njelehkeun tjaroge, sarta abdi soempah: „moegi-moegi ari abdi paeh masing kasaroeng, oelah oemoem reudjeung batoer, masing ngadjadi djoerig djarian ari dek nganiaja deui ka Soemoer Bandoeng"".

Soenan Iboe enggal njaoer ka noe geulis Soemoer Bandoeng, pokna: „tah, kitoe geuning sanggoepna Nimbang Waringin; ajeuna geus disaksian koe Iboe beurang kalawan peuting. Geura maroelih bae atoeh ajeuna mah."

Golosor Soemoer Bandoeng dipaparin pipoetraeun koe Soenan Iboe sagĕde katjang herang, ditĕnggak koe Soemoer Bandoeng, djadi soengsoem djadi baloeng, djadi bagal pangawasa njĕrĕp kana babajoe. Sanggeus kitoe, Soemoer Bandoeng toeloej amit, pokna: „Soenan Iboe, teu lambat nja ngadeuheus, djisimabdi amit wangsoel ka nagara Koeta Waringin".

Soemoer Bandoeng djeung Nimbang Waringin toeloej pareureum; barĕng ras inget geus djlĕg di mega malang tjaralik papajoen-pajoen.

Ari tjek Nimbang Waringin: „Soemoer Bandoeng, ka mana doeloer oerang pĕrangna?"