Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/45

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toeloej Langen Sari geuat mawa tai Soemoer Bandoeng bari pokna: „koemaha ieu tai Soemoer Bandoeng?"

Barang geus diteundeun dina pangadoean, djĕlĕma sanagara Kota Waringin patoebroek-toebroek, paheula-heula, pada njolek pada ngadahar, da poegoeh boborehna Batara Goeroe; goedjroed djĕlĕma sanagara pokna; „seungit tai Soemoer Bandoeng."

Nimbang Waringin toeloej nangis bari pok deui njaoer: „Soemoer Bandoeng, ajeuna tina sia ngeleh-ngelehkeun bae ka aing, manan oetjoel kalah boeroek; hajoe, ajeuna oerang ngadoe moending, aing boga moending adoe, poepoendakanana oge mani tiloe tangkeup".

Tjek Soemoer Bandoeng ka toeang raka pokna: „ĕnkang Langĕn Sari, koemaha geuning eta ngadjak ngadoe moending?"

Tjek Rangga Wajang: „oerang lawan bae", sarta bari njaoer ka Kalang Soetra pokna: „Kalang Soetra, aing menta tempo deuk njokot heula moending, da digadoehkeun di anoe gadoer; beh ditoena doea poë, beh dieuna sapoë."

Sanggeus kitoe, toeloej Rangga Wajang njaoer deui ka raina Soemoer Bandoeng, pokna: „Njai, akang djaoeh djoengdjoeng anggang doakeun". Djawabna noe geulis Soemoer Bandoeng: „soemangga ĕngkang."

Koleang angkat noe kasep,
anoe kasep Rangga Wajang,
basana ngadjoedjoer doeloer,
ka tĕgal si-awat-awat,
njorang leuweung sakeukeudeung,
njorang tĕgal sabengbatan,
soempingna ka aki-aki,
Aki-aki Pangalasan.

Barang soemping Rangga Wajang, ngahoelĕng ningali moending; reret ka Aki Pangalasan; noe keur ngoentaj bae bari noenggoean moending keur anakan.

Saoer Rangga Wajang: „Aki, sia keur naon?"

Dĕmi djawabna: „keur noenggoean moending bari ngoentaj; ari agan teh, bade ka mana?"

„Koela teh keur njiar moending Aki", tjek Rangga Wajang.

„Moending pantar koemaha, di koering oge aja noe pantar djeung moending Nimbang Waringin", tjek Aki Pangalasan.

Saoer Rangga Wajang: „ah, tjoemah ari noe gĕde mah, ngadenge soerak meureun kaboer, hajang noe lĕmboet keneh, tah eta eneng geus sabraha peuting oemoerna?"

„Kakara sapoeloeh peuting," tjek Aki Pangalasan.

Saoer Rangga Wajang: „pantar kitoe, sabaraha hargana?"

Djawabna Aki Pangalasan: „eta eneng mah mangga bae, abdi ngahatoeranan."

Sanggeus kitoe, eta eneng toeloej diringkoes, digembol koe djimpo bari njaoer pokna: „Aki doakeun ieu eneng sing pogot ngegel kontol, djeung koe koela didoakeun sia Aki masing tereh hilang".

Rangga Wajang sanggeus njaoer kitoe, ladjĕng angkat bari mawa eneng.