Page:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/129

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

sakeun pandita di Goenoeng Padang, atoeh tetela katjida bedjana.”

Praboe ratoe toeloej njĕntak, nja eta ka Lengser tea, koe sabab omonganana teu poegoeh, saoerna Praboe ratoe barina boedi poesing, reup geuneuk, raj pias, gĕbes kadia banteng, gĕtĕm kadia matjan, ngadjĕngkang oerat tarangna sagĕde laki loeloempang, napsoena teu kira-kira: "ai, batjot, Lengser, apan tetela, apan bedjana, bedja ti saha?"

"O, mangke ngeran,” tjeuk Si Lengser: "bobot pangajon timbang taradjoe, bobot pangajon aja di goesti, abdi njoehoenkeun pangadilan, noe mawi abdi hatoer bedjana: sok ras eling, djaman keur ngora, nja eta gadoeh sobat Nini djeung Aki pangĕbonan, boga pakarang koedjang hidji. Geus kitoe koedjangna leungit, leungitna di taoen toekang, tanggal opat, boelan Radjab, poë Ahad. Ti dinja Nini bingoeng; toeloej mangproeng, pedahna leungiteun koedjang, ana los ka Goenoeng Padang, di dinja nja tĕpoeng djeung pandita, enggalna metangankeun koedjangna noe leungit tea. Ari saoerna pandita: "Nini, koedjang teh hĕnteu leungit, ajeuna ge aja keneh dina oeroet Nini ngoendeur, ditoempangkeun dina toenggoel lame; djig bae ajeuna, geura teang, mo boeroeng kapanggih deui."

"Gantjangna koe Nini teh toeloej diteang ka oeroet ngoendeur. Barang datang, bĕnĕr pisan koedjang teh aja keneh sakoemaha panoedjoeman pandita; noe matak abdi oendjoekan tetela bedjana."

Ari kasaoeran ratoe: "lamoen kitoe mah, Lengser, lain noedjoem saĕnjana, pandita njanjahoanan, pandita noenoedjoemanan, dibasakeun pandita metangankeun koedjang memeh leungit, tah, kitoe tjeuk aing mah."

Noehoen satimbalan goesti, tapi abdi langkoeng heran koe daoehan Goesti, naon anoe didaoehkeun metangankeun koedjang memeh leungit? abdi mah koe hajang terang."

"Lamoen kitoe, maneh teh bodo katjida, ari hartina kieu: saoepama diri maneh toeloej leumpang mawa koedjang, datang ka djalan toeloej maneh teh balik deui, dadakoe maneh ka aing: djoeragan koedjang teh leungit, tapi tatjan ari tjlik mah; tah Lengser saibarat kitoe, sainggana kitoe."

"Abdi mah heran saoer teh make ibaratna sarĕng nganggo sainggana, eta siga nanahaon misaoerkeun anoe kitoe?"

"Ari, Lengser, eta mah ngan babasan bae, euweuh piroepaeunana."

"Mo tiap-tiap aja babasan, kĕdah aja noe dibasakeun, satiap wĕroeh koedoe doemoek, waspada nja koedoe njata, kapan tjeuk piwoeroek oge hanteu hade ngalampahkeun goroh bohong, sanadjan ngoeroeloeng saoerna ana teu aja boekoerna, djadi nalapoeng, mirilik pangartina lamoen teu aja boektina, hoekoemna teu djadi misil."

"Ai Lengser, lamoen kitoe mah, maneh teh mangmeunangkeun ki pandita."

"Ih, lain, goesti, eta mah saoepamana, ari kalampahna pandita apan mah sok saĕnjana, malah saoer, goesti, tadi noe make saibaratna eta teh aja boektina; ari saibaratna tea: kanjataan angin gĕde, ari basa sainggana: njatana liang siraroe, nja eta lingga. Ari lampah pandita mah teu beunang dihina-hina, lampahna: tata, titi, talari, tali paranti. Naon hartina tata djeung naon hartina titi, naon hartina tali paranti?"