Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde LVII.pdf/115

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
96

buburonan[1] pada ngiring suka,
mileuleuyankeun anu jĕngkar.

Tunda.

Kacarioskeun Ratu Raden Rangga Sawung Galing, aji bakti Pangeran Mantaran Sari, sabudalna Ratu Bagawat Iman Sonjaya lajĕng makĕmpĕlan sarĕng sadaya paraponggawa mirĕmpag rek nyieun papatih, nya eta Ratu Bondan.

Ari Dipati Yang Manggala mah tĕtĕp jadi kamitua bae.

Dĕmi sĕlir-sĕlirna Ratu Bagawat Iman Sonjaya tea, nu pada ditinggal, hĕnteu aya nu digarwa ku ratu anyar tapi tarĕtĕp di karaton bae jadi pangiring ratu.

Di nagara Kuta Ngagangsa, sanggeusna diratuan ku Raden Rangga Sawung Galing nagara tambah kĕrta, leungit sagala pitĕnah. Tambah-tambah rea ponggawa ti sejen nagara nu pada daratang tina andon suka ngaula, sabab geus kongas ka mana-mĕndi karana ratu bageur sarta geus sareseh jeung mere maweh, rea budi jeung pangarti, tuwuh tandur hejo lembok, sakabeh kuring leutik hĕnteu kurang ku sandang, teu kurang ku pangan.


__________

  1. Buron, Jav.