Page:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/128

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Pasal tjadoe atawa boejoet.

1.

Tjadoe dahar laoek moending boele. Oerang deas Banagara, noe asal desa eta, geus prah reja noe boejoet, dahar laoek moending boele. Asal2 na ditrangkeun koe aki Bradja Koesoemah: Praboe Tjadji Malela keurna orok ditinggalkeun di dajeuh, kadatangan moesoeh sedjen, sakabeh djalma, awewe lalaki, boebar pada moeboes. Bawaning goegoep loempat ti lemboer, rasana ngais orok; barang datang ka leuweung, horeng noe diais teh loeloempang. Kira2 meunang 2-3 peuting pada maroelang ka dajeuh; orok geus teu kasampak, dipagarkeun dibawa koe moesoeh. Lawas2 eta orok kapanggih ti leuweung, keur disoesoewan koe moending boele. Ti watĕs harita toeroenan eta nĕpi ka ajeuna tjadoe dahar laoek moending boele, kitoe deui mĕrgasa atawa meuntjit.


2.

Tjadoe ngingoe manoek titiran. Tjarita aki Djamaroen. Oerang desa sadangaja aja noe boejoet tjadoe ngingoe titiran. Asalna bogoh ngala titiran, dipake kasab didjoewalan. Ari pakakasna toeloep. Eta djalma panonna petjak sabeulah. Dina sahidji waktoe ngadodoho manoek titiran dina kai, rek ditoeloep, eta djalma tatanggahhan diisingan manoek titiran. Tai titiran ninggang kana panona noe petjak; eta panon djadi