Anu kudu disawalakeun mah kajinekan harti tina eta kecap-kecap: naha ngademokrasikeun basa Sunda teh miboga harti ngaleungitkeun basa lemes, atawa lain? Naon sababna soai ngademokrasikeun basa atawa soal ngaleungitkeun (= ulah dipalire ceuk Ajip mah! undak-usuk basa sok nim- bulkeun reaksi nu kacida sewotna mun dijadikeun bahan sawala? Naon sabenerna undak-usuk teh? Di mana tempatna eta undak-usuk dina wangunan basa Sunda sagemblengna? Naha eta teh kaasup masalah struktur pituin dina basa Sunda atawa kaasup masalah 'eusi' nu mangrupa bagian tina kabeungharan kecap (perbendaharaan kata) dina eta basa?
Ku pangrasa, kaciri ayana pasalia paham dina ngahartikeun kecap undak- usuk dina ieu polemik tinulis teh. Ajip Rosidi nyindekeun yen undak-usuk teh pihartieunana panta-panta dina make kecap lemes-kasar waktu cacarita. Ari panta-panta teh, ceuk Ajip, ngabeda-beda jelema nurutkeun luhur han- dapna martabat manusa saperti di jaman koloniat!-feodal (Ajip mere babaran historis tina hal ieu), Jadi, tingkat-tingkat basa lemes-kasarteh dina enas enasna mah sihoreng ngabeda-beda martabat manusa.Ku sabab eta,men- ding dileungitkeun eta pandangan jeung sikep sarupa kitu teh lantaran teu saluyu jeung kahirupan dina alam demokrasi kiwari. Ari cara ngaleungitkeunana, ceuk Ajip, nya eta ku jalan ulah dipalire eta undak-usuk basa teh. Bere harga nu sarua unggal kecap nu serua hartina teh. Sajaba ti eta, undak-usuk teh ngahesekeun barudak kiwari diajar basa Sunda. Tina sikep maranehanana aya kesan ngajauhan basa sorangan, da sieun salah tea, Hal ieu mangrupa soal kadua dina tulisan Ajip.
Kumaha cek pihak nu mere reaksi, pihartieunana undak-usuk basa teh? Nu teu panuju kana pamadegan Ajip nyebutkeun yen undak-usuk teh teu bisa diilangkeun tina basa Sunda, sanajan asalna mangrupa pangaruh ti luar. Lantaran, eta undak-usuk geus mangrupa sipat pituin basa Sunda kiwari, geus mangrupa “'trade mark”'-na. Atuh dina merena alesan kaciri bet undak- usuk teh ditempatkeunana dina masalah struktur, lain dina masalah ka- beungharan kecap anu dina sajarah kamekaran basa bisa barobah. Aya oge nu nyebutkeun, undak-usuk teh mangrupa manifestasi "kalemesan budi basa' urang Sunda. Lamun teu dipalire, kumaha atuh jadina basa Sunda teh? Hanjakal dina mere aiesanana ngan bulak-balik dina sual lemesna basa bae, teu make sawangan nu jembar ambahanana, anu bisa nepi ka hiji pananya sarupa kieu: naha kecap-kecap lemes nu asaina mangrupa bagian tina tatakrama feodal teh loyog jeung tatakrama demokrasi kiwari? Naha basa hormat teh sarua bae tingkatanana boh pikeun masyarakat feodal, boh pikeun masyarakat demokrasi?
Pikeun ngajentrekeun ieu masalah, sigana perlu disigeung heula perkara ajen-inajen manusa: kumaha nurutkeun masarakat kolonial-feodal, kumaha nurutkeun masarakat demokrasi. supaya eces dina jeu pedaran urang dimimitian heula ku jalan ngabedakeun harti kecap manusa jeung harti kecap jelema.
8