Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

téh mikiran manéh, teu ngarti naha koering téh anak saha, da diseboet anak ema, moal enja, da kapan ema mah bagong, ari koering mah djelema; ari diseboet lain anak ema, moal deui, da ema sakitoe njaahna ka koering. Tah koemaha éta téh ema anoe saenjana, koering téh anak saha?”

Nji Tjéléng-goemaloeng njoeroetjoed tjipanonna ngoepingkeun kasaoeran Nji Poetri kitoe téh, tina geus aja kereteg ilapat pasihan Dewa, jén éta téh tangara bakal pisah djeung noe dipiasih. Tapi tina ngambangkeun kersana anoe Kawasa, nja paralak bae koe Nji Tjéléng-goemaloeng ditjarioskeun ti poerwa wiwitanana jén kersaning Déwa noe Agoeng, manéhna koedoe nekanan medalkeun poetra kamanoesan, djalan tina nginoem tjai eusi doewegan téa.

Barang Nji Poetri ngadangoekeun toetoeran iboena kitoe, sarta oeninga jén andjeunna poetra radja, maksa amit hojong ngadeuheus ka rama, arék masrahkeun salira.

Tjéléng-goemaloeng teu bisa ngorétkeun, djoeng Nji Poetri ka nagara, doemeuheus ka Kandjeng Pereboe, sarta oendjoekan sakoemaha anoe parantos kadangoe koe andjeunna ti iboena téa.

Koe Kangdjeng Radja henteu disieuhkeun, tina emoet kana anoe parantoes kasorang, ngambangkeun papantjén kersaning Déwa. Nji Sepirasa dipasrahkeun koe Kangdjeng Radja ka iboena, soepados dirorok di karaton, nampi woelang di kapoetrén.

Iboena, sadjeroning nampi pamoendoet poetra téh, melengek manahna teu sapoek, ngaraos lingsem tepi ka kedah ngangken poetoean ti tjéléng.

Koe margi éta teu weléh ngageremet ngilari pidjalaneun soepaja Nji Sepirasa ingkah ti nagara. Kaleresan oesoem pageboeg, geuwat Radja Istri sepoeh njarios ka Kangdjeng Preboe jén pang réa anoe gering téh perbawa Nji Sepirasa, malah ditambah saoer karinah, ditjarioskeun jén awéwé noe kitoe pandéna, kitoe adeg-pangadegna, mawa sangar ka nagara, matak roentag pangawasa.

Kangdjeng Radja toemoet kana dawoeh Iboe. Nji Sepirasa kedah dikaloearkeun ti nagara, dipitjeun ka leuweung Simpar.

Patih anoe parantos nampi dawoeh Ratoe, kedah mitjeun Nji Sepirasa ka leuweung, sarta dibahanan pihanéan, pametengan, kintjir, oendar, pakara sapoeratina, katoet kagedogan-gedoganana. Koe Patih Nji Sepirasa dipanjieunkeun babakan nenggang make papanggoengan paninoenan di tengah leuweung loewang-liwoeng.

Nalika badé dikantoen koe Patih, Nji Sepirasa nangis sasambat moendoet pirentjangeun, tina geus kaerong sakoemaha pikeueungeunana, moen andjeunna noenggelis njalira di anoe sakitoe hara-haraeunana.

Koe margi Patih teu wantoen ngarempak timbalan K. Radja, ari ka Poetri watir njatjap, nja sok baé dipaparin andjing kakasih anoe itjeus pisan, boeloena beureum rada galing gilap hérang, létahna hideung, boga kasiat dina mata, nja éta moen paténdjo djeung sato anoe keur diboro, sok matak ngadadak paor; ari ngaranna Si Belangwajoengjang.

Oenggal poé teu aja deui damelna Nji Sepirasa di babakan nenggang téh, isoek-isoek ngantéh atawa mihané, ari pabeubeurang ngentreung baé ninoen dipapanggoengan.

Dina hidji mangsa keur meudjeuhna panas mentrang-mentring, Nji Poetri ngarasa lesoe loengse djeung tareunangan, tapi maksakeun andjeun baé ari ninoen mah tina keur kakapalangna. Barang mentas diketék baréra njorolok kana rorogan, djingdjingan enggeus didjoengdjoeng, belesat toropong nganteuran pakan, milepas teu katampanan, keplos malebahan tjonggang, tjlik moerag ti papanggoengan.

Nji Poetri ngarahoeh, hoemandeuar ngoedar tali tjaor, dajagdag ngalahoen tinoen, ngarasoela kedal lisan: „Hih, aja-aja baé keur sakieu lalesoe laloengséna téh hajoh toropong maké tikeplos ka kolong. Eh, da tjatjak moen aja anoe ha’at mangnjokotkeun, keur sakieu narahnajna mah, moen lalaki dipisalaki, moen awéwé dipidoeloer téh, saenjana!”