Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/3

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
  1. Nini-nini doemadak njeungseung pinareup.
  2. Moerangkalih hajang oeninga di rama.
  3. Rama tjilaka koe poetra.

Kitoe pokona anoe djadi loeloegoe tjarita.

Ieu tjarita kieu téh, sanés di oerang baé goemelarna, tapi di mana-mana, sapapagon saroentoejan ngan papaés anoe henteu sa­totos téh. Di Soenda aja, di Djawa aja, di Malajoe aja. malah di Hindoe ogé aja, cénéh, bédjana.

Ajeuna aja deui lalakon Loetoeng Kasaroeng, anoe diangken djadi babad di Soenda, dipadjarkeun poegoeh paésanana poego­eh roendajanana, Malah di Poerwokerto mah réa anoe ngangken nembé toedjoeh toeroenan ti Loetoeng Kasaroeng, sareng noedoehkeun aja sadaja patilasanana, pajarkeun poegoeh boektina.

Nanging geura mangga angkat ka Lombok. Tjeuk oerang Lombok: „Ih, éta mah sasakala kitoe, atoeh karoehoen oerang Lombok, lain anoe oerang Soenda, da di Lombok ajana, di Lombok baheula loengsoerna, éta anoe mindah warna rék ngilari pigarwaeun téh, di Lombok meunangna poetri boengsoe ogé.

Ngan di Lombok mah lain kana Loetoeng Kasaroeng, loemoengsoerna téh mindah roepa kana djadi monjét, mana lala­konna ogé diseboet Toetoer-monjét.

Ari tjeuk oerang Menado? Is, éta mah. loeloehoer oerang Menado, lain anoe oerang Bali, lain anoe oerang Soenda, lain noe Djawa, da di Menado ajana, di Menado baheula anoe kadjadian kitoe téh, ngan ari di ditoe mah henteu mangroepa loetoeng loemoengsoerna ti Kahiangan téh. Oerang Djawa oelah akoe-akoe angga . . . .

Tjeuk oerang . . . . aja deui manawi tempat sédjén anoe pada miboga tjarita poesaka kitoe, moal boa anggapanana ogé siga tjara di oerang téa baé.

Toeh, apan matak patelak djeung ki sanak, oepama pakeukeuh-keukeuh teu daék silih élédan mah, da ari enjana mah tjar­a sapalajangan asal ti sahoeloe-wotan.

Ari pokona éta tjarita Loetoeng Kasaroeng téh moen diringkeskeun, nja lajeut baé djeung di deungeun téa, kieu:

  1. Radja kagoengan poetra istri toedjoeh.
  2. Poetri boengsoe panggeulisna, panghadé haténa, pangsabarna, pangprihatinna. (Ieu patokan sadaja dongeng, poetri boengsoe anoe djadi lalakon).
  3. Poetri boengsoe dikaniaja koe sadérék. Poetri boengsoe ditoendoeng ti karaton. Poetri boengsoe kasangsara.
  4. Déwata ti Kahiangan mindah warna loemoengsoer ka Pantja tengah rék néangan pigarwaeun.
  5. Déwata noe keur njamoer ditampik koe poetri karaton, ditampa koe poetri boengsoe.
  6. Oerang Kahiangan miwoelang roepa-roepa élmoe loengsoer ka Martja-pada
  7. Ngadoekeun djadjatén.
  8. Poetri boengsoe didjait tina kalaraan.
  9. Poetri boengsoe djadi radja, nibakeun wawales ka noe telenges.

Tah kitoe kinten-kinten anoe djadi galoer pakemna mah.

Ari lalakon dina dongeng-dongeng anoe sédjén, lian ti Nji Poetri boengsoe anoe disangsara koe Nji Lantjeuk, aja deui anoe pokona kieu:

  1. Anoe miskin kasangsara, boga anak kabalangsak
  2. Anak noe miskin meunang djimat, biasana lantaran ti sasatoan tina pitoedoeh, tatapa dj. s. t.
  3. Si Miskin djadi sakti, nanjaan ka poetri poetra Radja.
  4. Si Miskin nembongkeun djadjatén.
  5. Si Miskin djadi radja.

Nja henteu satjéréwéléna pisan, hidji-hidjina dongéng anggitan téh aja ogé njimpangna sok aja tambahna, tapi teu pati tebih ti poehoena.

Ari sasakala Sangkoeriang kieu ringkesna:

  1. Radja boeboedjeng ke leuweung, kahampangan.
  2. Bagong anoe nginoem tjikahampangan téa toeloej reuneuh. Ngadjoeroe anakna poetri.
  3. Nji Poetri saloeloet djeung andjing poetraan pameget.
  4. Poetra maéhan andjing atawa maéhan bagong téa.