Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/8

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Tatamoe diangken koe priboemi sabiasa ka saderek, anoe tjonggah pada tjonggah tea.

Ari saoer K. A. Pamanahan: “Lah koe hanaan koering mah atjeuk, tjing mana legenna, tamba halabhab!”

Tembal priboemi: “Hih, poegoeh teu naheur isoek ieu mah, da kakana balik lengoh, ngan hajoh bae ngadjingdjing-djingdjing doewegan, dipihapekeun ka atjeuk, toeh di para seuneu!”

Saoer semah: “Keun bae doewegan oge, teu aja lahang mah, ieu tikoro mani asa toehoer; keun da moal njeuseul kakang oge doewegan-doewegan bae mah Tjing, poenteun ka dieu oerang poerak!” Enggalna sok koe priboemi disanggakeun, legoek dileueut ditotor koe tatamoe nepi ka kosong pisan, tina ninggang keur hanaang tea.

Doewegan seep, koeloetrak K. A. Giring soemping rek ngaleueut teuteundeunan tea.

Barang gok njampak tamoe, atoeh ger bae ngawangkong sakoemaha biasa sasari, pada sono reh geus lawas teu tepang.

Ari ret K. A. Giring ningali doewegan geus ngagoler, enggal mariksakeun titipanana ka garwa. Atoeh paralak koe garwana ditjarioskeun, jen geus disoegoehkeun ka tamoe. Ari di kontjlang-kontjlang doewegan teh koe K. A. Giring geus kosong teu njesa saketjlak-ketjlak atjan.

Ki Ageng Giring sadjongdjongan mah ngahoeleng teu iasa sasaoeran, harendeg bati handeueul, handjakal taja papadana.

Koe andjeuna diwaktjakeun ka Ki Ageng Mataram rasiah doewegan tea, sarta diririhan dihaben dikoerihit soepaja toeroenan Giring oelah tepi ka njamos teu pisan ngarandapan eta kamoeljaan.

Nanging K. A. Mataram teu iasa djangdji kantoen koemaha kadarna, koemambang ka noe kawasa. . . . . . . . .


Lebaran.

Oenggal taoen oerang sadaja pada njorang riaja dina ninggangna masa bada toetoep poeasa, anoe ilaharnadiseboet lebaran tea. Koe bangsa Eropa mah dipadjarkeun taoen baroe, eta lebaran teh. Roepina bae lantaran saralah sangka, maroekan ari lebaran teh kamonesan tawis ganti taoen tjara ping 1 Djanoeari.

Naha naon atoeh ari lebaran teh saenja-enjana ? Nilik kana oenina ketjap, di dinja geus ngandoeng harti anoe matak helok. Naha lebaran teh asal tina ketjapnana ? Eta kitoe, pedah dina poe eta tara aja kalebar ? Atanapi, asal tina loebar, atawa kalebar ? Atanapi, asal tina loebar, atawa tina boebaran mentas poeasa ? Mana anoe bener ?

Keun heulaanan ngoedag harti oetjapna mah oerang toenda bae, ajeuna mah oerang pesek eta bae karepna, pang dina mangsa eta make ririja. Meureun tjeuk anoe maraos: Rek dipesek naonana, rek ditetelakeun koemahana deui lebaran teh, sakitoe geus nembres etjesna, jen eta teh pesta agama, riaja Islam, mapan boekti diajakeunana oge dina mentas poeasa.

Tah nja eta anoe djadi lantaran pangmerloekeun ngoengkab eta riaja lebaran tea oge, tina asa teu aja pesekeunana. Tapi . . . . . naha enja riaja di dinja teh parentah agama ? Naha teu aja tjangkaroek Hindoe, pasesaan Boeda anoe kababawa di dinja dipake ngalambon parentah sara ? Ningal latjak noe biasa, aloer anoe geus ngabakoe, moenggoeh di bangsa oerang mah, dina prak-prakanana metakeun kabiasaaan, anoe madjar parentah agama tea, ari geus digoear mah, sihoreng kanjahoan jen rea anoe paseloek, boeh-beh mana Arabna kapendak mana Boedana, katambah koe adat baheula deui, anoe teu aja dina hadis atawa lapadna. Geura tingali dina kapapatenan, dina kawinan, dina sagala roepa bae pendekna mah, anoe teu kakoeroeng koe roekoen, koedoe bae make aja kaselapanana

184