Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/15

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Kongres Basa Sunda.


Basa téh hiji pusaka titinggal karuhun anu pangmundel-mundelna, anu perlu pisan diraksa dipulasara ku saréréa, da nya éta banda saréréa téa. Sanajan di antara urang Sunda geus aya nu ngarasa teu miboga kana basana, tapi sawangsulna réa anu nyaah anu mupusti, sarta usaha sangkan basana tambah jembar, tambah mulya, tambah kamajuanana sing beunang dipidangkeun milu tandang dina pajamanan. Surgi nu kaancikan rasa hayang jumungjung kana pusaka luluhurna, sarta dikalebar ku takajar para bujangga nu geus kahéséan ku ngolah ngokolakeunana, tangtos pisan sering kedal pananya, boh ka kanca boh ka salira, anu ungelna,

“Kumaha akal terékahna sangkan basa Sunda tambah kamulyaanana, tambah kamajuanana, tambah kabeungharanana?!”

Malah sakapeung aya anu lisan kieu:

“Naha basa Sunda téh ayeuna mah bet diraruksak, maké aya lemes kitu, naha maké kecap éta?” Naha, naha rupi-rupi anu matak dinaha-naha.

Aya deui sapalih anu kagungan emutan, “Beu ayeuna mah urang Sunda téh geus réa anu teu bisa basa Sunda! Kumaha akalna sangkan urang Sunda tambih jarero élmu basana? Basa Sunda ulah katélér-télér!”

Tah éta anu karagungan émutan kitu parantos lami aya karepna hayang me...(?) basa Sunda, hayang ngadamel kongrés basa, malah aya anu parantos ngajak ngadegkeun pakempelan “Sastrawinangun” sagala rupa, nya éta pakempelan mulasara basa, nanging bet diganggayong baé, teu acan puguh bubukanana, sakitu geus lami naker.

Rupina tina geus ninggang di mangsana, saparantos réa nu sabilulungan maksud (?), nya lajeng ngumaha ka Java Instituut. Bestuur J.I. nampi kalawan kabingahan, sareng kersa makihikeun ka urang-urang Sunda, ngalaksanakeun sapanuhunna, nya éta baris ngadamel KONGRÉS BASA, supaya bisa ngadadar samudaya anu jadi kapanasaran téa.

Waktuna kongrés geus ditetepkeun dina SASIH MULUD ninggang OKTOBER 1924, lamina dua tilu dinten tempatna di Bandung, nya éta rék ngémutkeun saéna tempat, kawuwuh aya pitandangna pangauban Bandung (méméh angkat ka Mekah), Juragan Patih, Juragan Hoofdschool opziener, Juragan Bestir pakempelan-pakempelan anu sanés, nu pada kersa ngajeujeuhkeun kana jadina éta kongrés.

Ari anu badé dipedar dina éta kongrés, nya éta:

I. Akal tarékah sangkan tambah-tambah kanyaho tina perkara basa.

II. Ngajembaran jeung ngamajukeunana basa.

Ieu anu dua rupi udagan dipencar deui:

1. Tarekah pikeun ngamajukeun pangajaran basa di sakola-sakola, ti sakola désa dongkap ka sakola luhur (anu baris ngadadarkeunana Jrg. Suria di Raja).

2. Mana jeung naon anu kudu jadi basa Sunda lulugu? Basa anu ti satempat-satempatna (dialék) nu kumaha anu beunang digulungkeun jeung basa Bandung? (anu baris ngadadarkeunana Jrg. Mangundikaria, Schoolopniewe Jatiwangi).

3. Nerangkeun adegna basa Sunda, basa anyar, katrangan mundur-majuna basa Sunda, jst. (baris diterangkeun ku Radén Puradireja, Hoofdredacteur Volkslektuur).

4. Kumaha jalan rumawatna jeung ngamajukeunana mamanis basa, saperti dangding, kawih, sisindiran, jst. (ieu baris dipedar ku Radén H. Sumadipraja, Juragan Patih Purwakarta).

5. Nerangkeun perkawis basa lemes, basa sedeng, nganggona sareng cukcrukanana (anu ngadadarna Radén Kd. A. Suriawinata, Bandung).

191