Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/13

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
cekel ku kolotna diacung-acung bari sina reureundeukan ninggang kana tabeuh. Sajabana ti budak kolot-kolot ogé mani pinuh di balandongan téh, pada milu mairan ting réngkénék jogéd, igel salawé. Malah harita katingal aya awéwé sagala nu milu jogéd téh, béjana éta téh ninina budak ngalaksanakeun pakaulanana, kala baheula basa éta budak gering, pokna lamun incuna nepi ka disunatanana arék kaul dijogédan. Ari senggakna sabot keur kitu téh mani ramé “Wahéh, hétah-hétah, héyah-héyah”.

Sajero barudak keur ngigel teu petot jalma awéwé lalaki ting solongkrong ka tengah pakalangan pada nareundeunan duit kana bokor, masak, pikeun nyecep budak téa atawa bagikeuneun ka nu nabeuhan.

Nu disunatan téh lain hiji dua tapi aya puluhna, nya éta barudak anak sanak barayana baé, nu kumpul ngahijikeun rijki ngarah teu hambur bahan cara karia pakeréncilan. Guyub rukun adat tuturunan Sunda pituin téh di dinya mah teu acan luntur; geuning di séjén tempat mah nepi ka aya kajadian dina perkara karia papanas-panas paramé-ramé, masing jeung tatangga ogé hayang pada macakal, taya lian lantaranana ngan ku renggang tali kasundaan. Kana kitu téh urang dinya mah rada baid.

Sanggeus barudak réngsé dijogédkeunana, di balandongan tuluy sisingkir, terebang candra wati pindah ka tepas imah, di dinya diganti ku terebang leutik (picung lingkup) 2-3 rombong, saasupna baé. Sajaba ti di balandongan, di pipir ogé mani pinuh ku sababaraha rombongan terebang kitu, sarombong-sarombongna pada ngariung cempor, dariukna sawaréh mah teu disamak-samak acan ngagolér baé dina taneuh, atawa disasarapan ku bilik.

Ku jisim kuring katangen aya sababaraha rombongan terebang nu datangna narungtutan. Ditanyakeun, éta téh rombongan ti mana bet datangna kapandeurian? Ari walonna “Ieu terebang nu sakieu seueurna karonoaanana mah sanés

ondangan, nanging karepna baé saking ku resep-resepeunana, datang pribadi, tur aya nu lalakon 5-6 pal. Padahal dongkapna ka dinya téh tara disuguh disaé-saé ukur dibéré ciatah sareng lalawuh sakadarna; parandéné kitu di unggal nu karia tara kirang-kirang nu darongkap ngaramékeun. Babakuna éta téh nu niat mecak pangabisana, da ari nu kirang jajaténna mah terebangna ogé sok keuna ku pangheureuyan batur, kayaning goprok téa, teu harus, atanapi paseukna alaludar, malah baheula mah dugi ka kajantenan aya terebang mabur tina leungeun, tinggorolong ka tengah tegal da asalna kulit embé, nanging ari nu kitu mah ayeuna geus teu aya, kantun pépérétna baé.

Dugi ka wengi pisan nu nerebang téh, beuki campuh baé narabeuhna (nepakna) kawas satengah teu éling, da mun narajang di lebah urang mah matak baritu leungeun. Saking ku campuh-campuhna kitab Berjangji nu dianggo layangna teras disingkirkeun, kawihna digentos ku sisindiran; saparantos kitu wuwuh mijah tambah campuh, anjog-anjogna jung narantung narabeuh terebangna bari éngklak-éngklakan. Dina unggal rombongan geus tangtos aya baladna. Tah éta baladna téh dina keur campuh ting alajrug bari ngapung-ngapung iket teu kanyahoan deui ngan sérépét-sérépét baé kabéh pada maresat bedog, nu roréng beunang ngasah, dihantem dikésrék dikeureut-keureutkeun kana pingping, kana leungeun, jeung ka saluar anggahotana baé teu aya nu diicip-icip teu dipilihan, tungtungna buk-bek silih kadék jeung baturna, semu barungaheun pisan.

Teu kinten jisim kuring paurna ningal barudak silih kadék, aya nu ting lalékék meuncitan manéh, ngeureutan létahna, kainggis téh sieun simpreng baé teurak dugi ka pegatna, kumaha numbukeunana deui! Tapi ditingal sakitu buk-bekna téh teu aya nu cilaka saurang ogé.

Beuki campuh nu nyeunggakan, “Hetah-hétah, héyah-héyah”, bari émprak ming-

189