Page:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/8

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
There was a problem when proofreading this page.

Dina keur rioengan-rioengan, keur hahadjatan atawa naon-naon baé gawé kaperloean agama, Poeoen téh misah ti anoe réa dileuwihkeun ti sasari diadjénanana, ditenggangkeun kahormatanana, sarta dina waktoe kitoe tambah diagoengkeun koe seseboetan, harita mah tara disareboet Poeoen, tapi: Girang Poedja, atawa Sarangéngé atawa Karolot.

Ari nampa gadjih mah Poeoen téh henteu, ngan padjegna ka Goepernemén di tanggoeng koe saréréa, imahna meunang imah kaprabon, diadjénan dileuwihkeun ti anu sédjén. Pangoepadjiwana nja matjoel koe manéh baé Poeoen ogé, goear tanah tjara anoe lian, teu pisan aja bédana ari dina kitoena mah.

Anoe djadi Girang Seurat djeung Pangasoeh Kokolot, ieu diangkatna koe Poeoen henteu aja pisan kaoentoenganana, ngan pangkat kahormatan baé, anoe djelemana teu nampa pangadjénan, da anoe lian basana ka éta pangkat téh, basa tjara ka sasamana téa baé, ngan woengkoel kapapantjénan gawé.

Babakoena gawéna nja éta ngatoer djeung ngoeroes hoema-sérang (hartina: hoema anoe koedoe digarap koe saréréa, sarta beubeunanganana anoe saréréa, keur kaperloean dina hahadjatan agama. Tingali di pengker), dina hadjat Kawaloe, dina ngoeroes merbait lamoen aja anoe kapapaténan djeung ngatoer oeroesan agama. Ari Kokolot, lian ti djadi tangan-tangan atawa pakatjar Girang Seurat, nja éta djadi toekang maréntah djeung ngatoer oerang panamping deui.

Kadjaba ti Poeoen, Girang Seurat djeung Kokolot, aja deui: parekan, réana toedjoeh djelema, anoe djadi nréngréngan dina nimbang perkara agama atawa drigama, anoe koedoe dibarempoegkeun koe Poeoen.

. . . . . .

Hoema sérang

Di oenggal sisi lemboer anoe tiloe téa, aja saloewoek tanah beunang milih Poeoen, anoe koedoe digarap koe sapangeusi lemboer éta nja éta anoe dingaranan hoema-sérang téa.

Aja deui saloewoek, anoe koedoe digarap koe saréréa ti anoe tiloe lemboer téa, ieu ogé hoema-sérang kénéh.

Beubeunanganana tina hoema-sérang téh pikeun hahadjatan, hadjat laksa, dj. s. t.

Dina prakna ngagarap hoema-sérang, Poeoen, Girang Seurat, ogé miloe digawé, dipantrang pisan teu meunang njidoeh teu meunang ngésang, teu meunang kiih; éta sababna sabot digarawé tara ngarinoem. Baroedak djeung awéwé teu meunang miloe digawé.

Bibit pelakeuneun di hoema-sérang téa koedoe anoe asal ti hoema-sérang kénéh, henteu meunang sambarang paré.

Anoe ngadjedjeran hoema-sérang ti mitembejan nepi ka diboeatna, nja Girang Seurat téa.

Paréna diampihanana di balé, lain di leutik. Makajana poegoeh waktoena, henteu sakama-kama baé, bareng saréréa teu meunang pakarentjilan, nja éta:

Njatjar dina tanggal 28 boelan Sapar
Ngabersihanana tanggal 22 boelan Kanem
Njoendoetan tanggal 17 boelan Kapitoe
Tebar tanggal 22 boelan Kapitoe
Ngojos tanggal 18 boelan Kasalapna
Diboeat tanggal 7 boelan Kasa.

Saréngséna tina oenggal gawé téa koe maranébaanana dianggap rijaja, saréréa baleberesih maraké papakéan sarwa bodas anoe haradé, saroekan-soekan malah dina mentas Tebar (minangka tandoer) maké nabeuh angkloeng sagala roepa.

. . . . . . .

Kawaloe.

Ari pésta anoe panggedéna nja éta dina hadjat Kawaloe, minangka tanda soeka arék panén, nohonan papagon agama. Pésta kawaloe téh tiloe kali, nja éya ka hidji: Kawaloe-mitembej, dina boelan Kasa, di mana paré geus asak, téréh dipibuatan, minangka njalin.

Ka doea: Kawaloe-tengah, dina boelan Karo, sarénvséna diboeat,

Ka tiloe: Kawaloe-toetoeg, dina boelan Katiga, sanggeus ngakoet ampih paré.

Waktoena éta anoe tiloe Kawaloe ditangtoekeun koe Poeoen Tjikeusik.

Kawaloe toetoeg, ditéma koe hadjat laksa éta.

136