Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/9

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
kawa emoet ka iboe ka rama, ladjeng bae ngahiang.

Koe margi kaleleban koe saderek, kanjeri katilar iboe rama atjan poelih, toengtoengna brek Simbarkantjana teu damang. Andjeunna ngadamel saembara: Saha-saha anoe bisa ngalandongan kasawatna baris dianggo tjaroge.

Ki Tjatrik Kabingbat anoe nampi dawoehan, enggal ngembarkeun eta saembara, nakol bende di aloen-aloen.

Katjarioskeun Adjar Koetamanggoe soemping ka nagara kersana reh ngalandongan radja. Dadak sakala Simbarkantjana damang, atoeh ladjeng bae rendengan.

Ti Ki Andjar Koetamanggoe kagoengan poetra toejoeh, hidji istri genep pameget. Anoe istri djenenganana Nji Ratoe Paroeng, nja andjeunna anoe ngagentos aboena mangkoe kadaton Talaga. Ari anoe pameget nja eta: 1 Soenan Thihaoer, 2 Soenan Koentoel Poetih, 3 Soenan Kerokbatok, 4 Soenan Boengboelang, 5 Soenan Tegaltjaoe, 6 Soenan Kasorogok anoe linggih di Pandjaloe.

Nji Ratoe Paroeng kagoengan tjaroge ka Raden Rangga Mantri menak poetra padjadjaran, kagoengan poetra opat pemeget sadajana, hidji Soenan Wanapeurih, doea Dalem Loemadjang, tiloe Soenan Haoerkoening, opat Oemboel Oearkahot.

Koe margi teu kagoengan poetra istri, Talaga pegat roendajan, henteu aja piratoeeunana noe pinoeloejkeuneun mangkoe kadaton, nja lami-lami mah doegi ka roentagna.

Kitoe tjatoer pitoetoering sepoeh.


Singaparna.


Kana pernahna mah kawasna moal aja anoe teu oeninga Singaparna teh, tina sakitoe katjeloekna reh djelema-djelemana raradjin, seungkeur kana anjam-anjaman. Di pasar-pasar soemawoenten dina tongtonan-tongtonan karadjinan, tangtos oerang ningali barang anjaman boeatan Singaparna, aja samak, aja dompet, aja doedoekoej, si

ah, kantong djeung sadjaba ti eta, lalemes araloes toer hargana maroerah. Saparantos aja kareta api ti Tasikmalaja ka Singaparna, katambah koe pangdjeudjeuhkeunana anoe djadi pangagoeng kaboepaten, eta tempat beuki tambah wangi tambah kerta, rame woewoeh matak pikabetaheun.

Tapi . . . nadjan eta tempat sakitoe kawentarna, lamoen pek oerang naja ka oerang didinja, atawa ka oerang Tasikmalaja: “Naon sababna anoe matak eta tempat dingaranan atawa diseboet Singaparna?”. Kawasna rea anoe ngoeak-ngioek, ngawalon koe walahoe alam aka anoe nanja teh.

Eta tempat make boga ngaran kitoe, bet kawas ngaran njelap, asa teu merenah natangga di Soenda, da ngaran tempat anoe make singa-singa kitoe mah koedoe baoe Malajoe; ninggang lamoen teu anggang ti Singapoer teh.

Koe margi eta tjing oerang tjoektjroek, naon margina pang lebah dinja diseboet Singaparna.

Moenggoeh di oerang, saoer anoe oeninga, meh oenggal ngaran tempat pada aja toetoeroenanana, ajasasakalana, aja dongengna atawa babadna, aja anoe parantos kapendak aja anoe njaroempoet keneh katranganana, teu atjan kagoear sadajana.

Doepi Singaparna kieu asal moeasalna:

Eta tempat teh baheulana mah lain Singaparna ngaranna, ari noe matak diseboet kitoe asalna tina:

“Tanah kagoengan Ki Singaparana”, nja eta tanah anoe geus dipaparinkeun koe Dipati Timbanganten ka Ki Singaparana tea. Djadi eta tempat teh ngaranna katelah koe anoe kagoengan. Lila-lila tina djenengan Singaparana nja robah djadi Singaparna, tjara Djajakerta robah djadi Djaketra.

Eta katrangan anoe bieu teh lain kirata, tapi estoe enja kitoe, malah aja saksina, nja eta piagem Ki Singaparana, nalika nampi paparin eta tanah ti Dipati Timbanganten tea. Kieu oengelna piagemna:

Penget soerat piagem toeroenan saking piagem kang dingin-dingin, dening sampoen roeksak papanipoen. Wondening oenine:

121