Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/4

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
perdjoeritan, ageman kasatriaan, piloeangeun oepama enggeus arageung, sangkan ariasa matjakal noeloejkeun galoer karoehoen anoe koe andjeunna teu kaboedjeng karandapan.

Barang éta doea moerangkalih geus arageung, sarta katimbang koe éjangna geus meudjeuhna ingkar ti padésan, ladjeng kaperih koedoe koemawoela ka radja, geusan néangan marga lantaran kana kamoeljaan salirana, sangkan iasa néma warisan ti loeloehoerna. Harita ramana éta moerangkalih, parantos poepoes. Koe margi éta Ki Pamanahan sareng Ki Pandjawi disanggakeun koe éjangna ka SOELTAN PADJANG.

Dajeuh Padjang pernahna Koelon Kidoel ti dajeuh Solo ajeuna, tebihna kinten-kinten. 3 pal ti kota, baheulana nagara hardja toer kerta. Ari anoe djadi narpati nja éta anoe kawéntar gagah rongkah kakasihna DJAKA TINGKIR téa, pédah keur moerangkalihna dirorok koe Nji Randa di lemboer Tingkir. Ari djenenganana noe enja mah RADÉN MAS KEREBET.

(Salsilah sareng toetoeranana Djaka Tingkir tingali di pengker).

Ki Pamanahan sareng sadérékna katjida kaanggona koe Kangdjeng Soeltan, tina asak ngadasaranana tadi keurna baroerej kénéh téa, toeroeg-toeroeg katingali dina wanda salirana ébréh, satingkah saparipolah lain djalma djoré-djoré.

Awitna mah éta anoe doea djadjaka téh nja ngaréntjang biasa baé di Kangdjeng Soeltanna téh, tapi lami ti lami lantaran katingali kasatriaanana sareng katoehoeanana, beuki tambah kadeuheus nepi ka didamel tangan-tangan karadjaan, ngahiras djadi pamanggoeling djoerit, ngaping Kangdjeng Soeltan siang wengi.

. . . . . . . . . . . . . . .

Tah, kitoe salsilahna wedalan soengapan Sadjarah Banten mah; tapi nja éta sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun tadi, bet pada-pada téa, ieu téh soelaja sareng wedalan Djawa, Kieu ari anoe awit ti hoeloewotan Djawa mah, salsilahna Ki Ageng Pamanahan téh:

Kangdjeng Preboe Brawidjaja Ratoe Madjapait kagoengan poetra sadajana 8, nja éta:
  1. Istri djenenganana Ratoe Pembajoen.
  2. Aria Damar, anoe didjadikeun Radja di Palémbang,
  3. Radén Patah, anoe ngadeg Soeltan di Bintara (Demak).
  4. Lenboe Peteng.
  5. Batara Katong.
  6. Bondan Kadjawan, poetra ti istri oe­rang Banda téa.
  7. Djaran Panolih.
  8. Radén Goegoer.

Nalika Bondan Kadjawan dibobotkeun, nja éta dina mangsa iboena ngandeg, (katrangan pang Brawidjaja poetraan ti ieu Nji Bondan mah, sami baé pada disebatkeun tilas landong kasawat abot téa), Kangdjeng Radja ngimpén aja moerangkalih anoe ngareboet makoeta karadjaan anoe keur dianggo koe andjeunna, Barang dimoesawarahkeun ka para pandita para adjar anoe waratjis lalepoes, nja kénging katrangan jén kinten-kinten 8 atawa 9 taoen deui lamina, Kangdjeng Radja bakal aja anoe ngalindih, sarta karadjaan baris kareboet, Dina panjangka para pandita sareng katjotjogan koe pangira para adjar, geus moal boa éta anoe kagoengan galagat anoe kaimpén koe Kangdjeng Radja téh, tangtoe moerangkalih anoe harita keur dibobotkeun kénéh, koe margi kitoe panoedoehan anoe lalepoes, koe Kangdjeng Radja parantos diadjam jén dimana geus medal sarta méméh tepi kana joeswa 8 taoen baris ladjeng ditelasan.

Barang éta moerangkalih parantos dibaharkeun nja didjenenganan Bondan Kadjawan, sok koe Kangdjeng Radja dipaparinkeun ka Ki Boejoet Masahar, soepaja éta moerangkalih dipiara heula, engké dimana geus joeswa 7 at. 8 taoen kakara koedoe dipaéhan.

Tapi Ki Boejoet Masahar anoe ngarorok éta moerangkalih ti orokna, kabeulit koe asih katalian koe njaah, geus teu asa ka anak poeloeng, komo ari pamadjikanana mah, kanjaah taja hinggana, taja petana tepi ka téga maéhan boedak anoe geus sasat djadi anak, malah ana ras inget

116