Page:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
mentaan, Wadana marentah menta ka tjamat, tjamat marentah menta ka loerah, loerah ka toea kampoeng, koedoe njajab keur sadiaan, aja endog aja hajam aja kalapa, beas djeung sagala bae, ka djeroek djeroek dipoepoe ti pilemboeran teh. Broel atoeh gotongan tebok teh diiringkeun koe tanggoengan soeloeh, rimbil koe tjalongtjong hajam, moeroedoel ti oenggal desa. Tapi eta anoe di-ka-pakemitankeun teh, geus njarahtjalan di jalan, tinggaleun di goah loerah di katjamatan; anoe matak baheula mah ana aja kitoe teh moetjekil sarerea kapala mah, ngan somah bae anoe karorontjodan teh. Tampolana aja toekangna anoe ngabakoe, djaba anoe bieu teh, toekang njajab ka oenggal imah mentaan endog, hajam, beas, diseboetna prijaji. Eta toekang menta maksa teh oerang dajeuh atawa oerang pakemitan, tjara njokotan anoena bae eta teh.

Kawadanaan ditetebahan tjara arek karia bae, imah kapala anoe sedjen nja kitoe deui keur tempat pangiring ti dajeuh.

Ari somahan, lian ti geus karorontjodan teh djeung dikeprik kana gawe ngome djalan deui, dialoes saharitaeun mah djalan teh, dibabad koetana, dilelempeng, didadak dikeusik, djoekoetna diketok, malah tampolana mah koedoe disapoean. Nja kitoe deui papageran sakoer anoe sisi djalan mah koedoe diomean atawa didadak diganti, pahiboet djelema teh.

Tah, ana tepi kana waktoena dalem djengkar, mimiti palatoek pangheulana pisan meleteng toempak koeda ditegarkeun, nja eta anoe djadi tanda pikeun mere njaho ka djelema-djelema anoe baris kaliwatan koe dalem tea. Dalem mah sapal deui palatoek mah geus ngaliwat. Djelema-djelema moenggah njotjok dina oenggal lawang teh, pada ngahadja hajang ngahormat katambah hajang laladjo, ari geus lar palatoek, brek hempak kabeh darioek, bari pada ngarep-ngarep larna abroelan tea. Ti kadjaoehan geus tembong, pangheulana tjamat toempak koeda, beunang make kadinesan, doedoekoej polet, solempang pasmen, badjoe hideung diparet kantjing, tja-

lana leupas bodas ditaroempahan, make samping sopak lodong tjara djongos; toekangeun tjamat, loreah-loerah aja doe tiloe poeloehna, kabeh dinse papakeanana, badjoe hideung kantjing endog sapotong, doekoej polet, solempang koneng, tjalana leupas hideung make samping nengah ping-ping. Lebe-lebe badjoe hedjo, solempang hedjo djepit koneng, doedokoej polet hedjo samping ngedempreng, kabeh taroempah koeda. Kareta dalem ditarik koe koeda opat ditoempakan koe koelaer diaping koe wadana-wadana taroempak koeda, diiring deui pandeurieunana koe tjamat-tjamat djeung loerah-loerah dangdananana tjara tadi noe tiheula tea. Kalipah djeung Naib sok mariloe ngiring deui.

Di aloen-aloen kawadanaan geus pinoeh koe sagala roepa tatabeuhan, ronggeng sababaraha rombong, koromong, renteng, ogel, angkloeng, terebang. Anoe laladjo djedjel, malah sakapeung mah sok aja pamaenan sagala.

Ana djol abroelan datang, brek djelema dioek hempak kabeh, breng tatabeuhan ditabeuh bareng tjara anoe ngaleunggeuh geus teu poegoeh dengekeunana, sora tatabeuhan kasawoer ku sora koeda ting haroang, ting haroang, sora petjoet lopor pating beledag ting beledog patarik-tarik. Peutingna ger pesta soekan-soekan sarerea.

Tah kitoe baheula mah.


Njai Sri

'Kagegelan

Esin Engka Widjaja

Menggahing adat kabiasaan sepuh baheula, Nji Sri teh dianggap pangmoeljana; dalah ajeuna oge kitoe keneh. Koemargi kitoe, satingkah paripolah oerang dina waktos ngagarap Nji Sri teh kedah hormat pisan, malah oelah tinggal di djampe, margi Njai Sri teh:

a. Tangkal Njai Sri diangken tataning manoesa,

b. Daoen Njai Sri diangken daginging manoesa,

c. Gagang Njai Sri diangken gagang njawa ing manoesa,

123