Page:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/6

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

ngan perloe koe oerang kaoeninga, soepaja oelah ngagembang-gembang ka anoe ngalenjepan rasana basa Soenda, oelah djadi panghalang ka anoe keur njoektjroek galoerna karoehoen, njasar raratanana kasoendaan.

Ana ningal kana gerengselna basa kosta dina Soenda paingan aja anoe ngirataan ketjap Soenda teh madjar ringkesna omongan: Soesoenan sagala basa jang ada.

Panoetoep pihatoer, moegi-moegi bae basa Soenda woewoeh reureug woewoeh pageuh, pada ngaloesan pada ngaloeisan, sangkan nandjoeng daradjatna.

Koe Djoeragan Danoemihardja mah diradjah kieu :

KINANTI:

Pitik toelak pitik toekoeng,
nja noelak sibasa mami,
ngadjaoehkeun panggodana,
awonna masing njalingkir,
si toekoeng djoeroeng sakersa,
si toelak anoe ngalingling.

Basa Soenda noe saestoe,
panoetan Pasoendan pasti,
diraraksa koe boedjangga,
didjaring koe para wargi,
sarati noe ahli basa,
miwah nonoman binangkit.

Ngabangkit Soenda sing moeloes,
di Pasundan ngadjalingdjing,
sing ngiroet sagala bangsa,
maroehit loeloet miasih,
asih kana basa Soenda,
pamedaran elmoe watjis.


Neda hapoenten
M. Tanoewisastra.
Malangbong P. K.[1]


Njalawat Djamdjami
kenging Esin Engka Widjaja.

Anoe disebat djamdjani teh (salawat Soenda) djaman ajeuna mah langka dianggona, doepi bangsana: marhaba, moeloedan sareng gondang, pada aja noe njaoeran sareng dalangna. Tatabeuhanana terebang. Nabeuh dibaroeng koe ngawih, atawa tepak terebang dianggo panempas kawih. Ngawihna ngaleu palambat-lambat patarik-tarik tjara anoe beluk, anoe mimiti dalang heula. Ajeuna ieu di handap diserat.


1. Noe Njaoeran.

1. Oelailah haileloh, dari oelailah haileloh Moehamaddoerasoelah, Nabi Moehammad kakasih Allah. (Bring, toeng, toeng, toeng bring).

Dalang.

Pitoeng tahoen imoekinto, dari pitoeng tahoen imoekinto lawas bakti ing lakine Nabi Muhammad kakasih Allah.

Noe njaran Sapertos tadi (No. 1) Dalang :

Djantranipoen imoekinto, dari djantranipoen imoekinto, djantrane pamoeroes boelan, Nabi Muhammad kakasih Allah.

2. Noe njaoeran

Ajoen ambing lila njaring, jadoe jalah lila njaring, alah tobat mana njaring koe disanding, ajoen poentang lila hoedang, jadoe jalah lila hoedang, alah tobat mana hoedang ngadjak pelang.


Dalang.

Tjarita Nji Lokatmala, jadoe jalah Nji Yokatmala, kidoengdoeng ahli ngawoela, wadon moenggah sawarega.

Njaeran. (Sapertos tadi no.2) Dalang.

Mana moenggah sawarega, alah tobat bisa mindingan risina, bisa meungpeukan badeurna, bisa ngalaan badeurna.

  1. Disaroengsoem koe S.d.R.