Page:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/55

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
There was a problem when proofreading this page.

IV

Gadjah

Gajah téh hiji sato anu kacida gedéna.

Di dieu di urang di tanah Jawa teu aya sato nu kitu téh.

Katingal ogé sakali-kalian dina komédi kuda, kitu ogé dicangcang atawa diranté, ditungguan ku nu geus biasa miara gajah[1]. Kabiasaanana nu nungguan téh hiji jalema hideung, nu ku urang disebut urang Keling[2]. Sababna di tanah keling anu loba gajah téh. Di ditu sato kitu[3] hirupna di leuweung ngabubuhanm tapi loba deui anu diingu ti anakna kénéh nepi ka lindeukna.

Toh anu geus lindeuk nu kacida gedé mangpaatna téh. Sababna ari gajah lindeuk mah ku anu boga atawa ku nu miara beunang diutah-étah, dititah migawé sagala pagawéan[4]. Anu katimbang beunang dipigawé ku gajah, saperti nyorong roda, narik padati jeung jaba ti éta.

Malahan, lamun geus kacida lindeukna mah gajah téh teu kudu dibaturan baé dina waktu digawé[5].

Saperti di paleuweungan[6] anu jauh ka ditu ka dieu, aya pakeun ngunjul barang atawa balok, gajah téh kacida gedé gawéna ngaganti kuli atawa roda di kota[7]. Sareng iceusna langkung-langkung ti sato anu pang iceusna. Seueur pisan conto-conto anu ngabuktikeun kaiceusanana gajah. Tina perkawis conto éta[8] teu kudu ditulis, dina buku-buku dongéng ogé loba.

Tabéatna gajah sami sareng tabéatna hiji dua sato di urang, sapertos munding, domba jeung embé.

Gajah téh hiji sato anu kacida sabarna jeung teu galak, sabalikna tina dedeg pangadegna, anu sakitu gagahna, rongkahna, matak pikasieuneuna8).

Tapi sanajan sakumaha sabarna ogé sok aya baé amarahna, lamun manéhna aya nu ngagangu atawa palebah gajah nu geus lindeuk aya nu ngabobodo.

Ieu karangan hiji jalma nu parantos kénging pangajaran sambungan (Voorgezet onderwijs), nu nyarioskeun tina hal gajah. Nanging mugi kauninga anjeunna téh hiji jalma nu kalebet kana tukang kurung-karang ogé.


Gadjah

Saréréa ogé mungguh1) urang dayeuh mah meureun geus moal aya nu bireuk2) deui kana gajah téh, sabab mindeng pisan dibabawa ku kamedi kuda, nu disebut Circus téa, dipaké tongtonan; tapi ari mungguhing3) urang kampung mah teu mustahil saumurna tacan papanggihjeung gajah, sabab éta téh lain sato di urang.

Ngan baé ari ngan saukur ngadéngé baé mah meureun kabéh ogé enggeus4). Kusabab sakitu sugan baé ieu karangan aya mangpaatna ka jalma nu tacan pisan mireungeuh gajah.

Cing ayeuna urang wawanohan heula jeung pangawakanana5). Lamun urang gok papanggih jeung éta sato, nu jadi pangpangna ngagétkeun6) ka urang téh nyaéta hiji parabot pancadriana7) nu disebut tulaléna téa. Ari pandéna éta tulalé téa beunang disasandékeun kana pucuk paku haji nu ngeluk kénéh; malah kitu pisan semu geunyal8), bané tu-

8) Pikasieuneun.

1) basa kolot.

2) basa kolot.

3) basa kolot.

4) basa intelék.

5) ungkara kaayeunakeun (kakulonkeun).

6) Idem.

7) basa kolot.

8) vergelijking = peta mapandékeun téh tara aya di budak leutik énak. |}

112
 
  1. ka Balandakeun lain iketan Sunda.
  2. ka Balandakeun lain iketan Sunda.
  3. ka Balandakeun.
  4. Kakuna ieu omongan kulantaran kurang makéna kecap pangluyu téh, mah, jeung téa, nu kitu ti rasa Sunda asli. Sabab, ari gajah piaraan mah ku nu boga téh sok beunang diutah-étahkeun, beunang dititah migawé rupa-rupa pagawéan.
  5. Kurang luyu, lantaran euweuh téh ditukangeunana.
  6. pileuweungan.
  7. Kurang tétéla, teu pati biasa ngokolakeun basa Sunda.
  8. lain iketan Sunda.