Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/32

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
324. Horéng téh nganjar-nganjari,
gamparan mamandaloena,
madjar sémah oetrak-atrok,
geuning degig ngadak-ngadak,
hénteu keresa mariksa,
ka abdi ngadoedoeh tamoe,
kapan toekang dipiwarang
325. Ambet kasih woewoeh isin,
ngadangoe noe sasaoeran,
SadJongdjongan mah olohok,
naha saha ieu semah,
madjarkeun teh enggeus loma,
ka aing ngakoe geus wawoeh.
da panggih oge kakara.
326. Toengtoengna. poetri ngalahir,
tina sanget manah heran,
wajahna isin-isin ge;
Mangga ka ditoe ka ama,
ama oge tadi aja,
di rorompok sareng iboe,
oelah linggih di noe bala.
327. Ari saoer Siliwangi;
Angken heula koe gamparan,
atoeh memeh ka iboe teh,
engke ge rek ngadeuheusan,
maroekan ieu teh saha,
kapan rentjang toekang beloek,
Si Hideung noe ngedoel tea.

328. Naha gamparan bét degig,
soemangga geura piwarang,
ajakan koe abdi kelek,
naha nganggo asa-asa,
pariksa atoeh pariksa,
oelah aloer kana noendoeng,
abong ka rentjang balangsak,
329. Anoe tiloe aki-aki,
nambalang nempas tjarita;
ltoe diah tjéleng mogok;
Eta geuning lain semah,
Agan anoe kasamaran,
koemaha mending diakoe,
boa ditoendoeng mah lebar,
330. Tjing Agan masingna sidik,
enja kitoe eta tea?
Ambet kasih tambih bengong,
panangan ngeukeuweuk kembang,
samar polah samar rasa,
toengtoengna anggoer toemoengkoel,
sasaoeran Ialaoenan:
331. Da eta oeingna pangling.
Aki henteu ngabedjaan,
da oeing mah henteu njaho,
panjana teh anoe lian
anoe matak kasamaran,
naha atoeh mana kitoe,
Siliwangi salin roepa?


Dangdanggoela.

Aja samboenganana.