Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/24

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
abdi seja pasrah,
najan diri abdi ogé,
sayaktosna da gamparan nu kagungan.
237. Nini Kuwu amitan enggeus jung wangsul,
ngantunkeun Sang Ratna,
saréncangna kempel kénéh,
ngan si Hideung Siliwangi henteu aya.
238. Manahoréng Siliwangi nyumput jauh,
weléh teu kapendak,
disaksrak ku jompong-jompong,
lajeng Putri carios ka réncang anyar.
239. Aéh Ua Pananjung jeung Lampung-jambul,
kaula geus lawas,
meuli hiji budak anéh,
hideung hérang rupana ceplés sagagak.
240. Digawékeun kana nyiram kebon sayur,
ngan tiba rumingkang,
dua tilu balik ngelél,
ngan tembangna teu wudu sorana ngeunah.
241. Ngan ayeuna éta teu aya ti isuk,
Gelap nyawang nyembah,
budak kuma dedegna téh,
sareng kinten sabraha taun umurna.
242. Lahir Putri kira lima welas tahun awakna langkonyang,
bujang enggeus ahir balég,
boga wanda ngan kulitna hideung pisan.
243. Pangatikna sapangira sapanengah,
séjén karasana,

hayang geura-geura amprok,
moal gagal éta anu ditéangan.


Asmarandana

244. Éta nu tilu pangantik,
pok unjukan ka dunungan,
rék ditéangan di kebon,
sugan si Hideung kapendak,
malakmandar can ingkah,
lumayan’ dijieun batur,
suganna beunang diwarah.
245. Léos tiluan arindit,
néangan ka anu bala,
ratug haté asa geus gok,
sangkana geus moal boa,
enya Pamanah-rasa,
anu keur disusul-susul,
sok hayang geura béh aya.
246. Sanggeus burit ganti peuting,
Siliwangi taya datang,
disangka meureun ngaléos,
emban tétér naréangan,
weléh henteu kapendak,
meureun kabur tuluy ngencrud,
pédah aya bujang anyar.
247. Tapi nu tilu pangatik,
henteu weléh panasaran,
sapeupeuting henteu saré,
haben baé naréangan,
tina rasa moal gagal,
si Hideung tangtuna nyumput,
éra bisina kapendak.
248. Gelap-nyawang merih pati,
ka Lampung-jambul ngumaha,
da néangan mah geus weléh,
cing kaluarkeun pangabisa,
geuning boga tutungkusan,
ketrukkeun sawuruk guru,
ayeuna enggeus mangsana.

168