Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/22

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
djang, maksoedna soepaja Loerah landjang koedoe ngeprik ka sabatoerna, kana noeloeng noetoe, anoe dilagoekeun gondang tea; ari Loerah budjang perloena ngembarkeun ka wilajatna, noeloeng soeloeh djeung daoen noe mareunang ngalana ti leuweung.

Samalah sagala atoeran soesoegoehna oge pikeun boedjang-boedjang djeung landjang-landjang tea mah, tara patjorok sareng kolot, boh ngasakanana boh prakna njoegoehan. Ari boedjang-boedjang mah dina ngopina atawa daharna ngasakanana, woengkoel beunang nji Landjang-landjang tea, margi diberena keur soesoegoehna teh koe noe boga karia atahan.

Oepama rek ngadegkeun “Djoged” noe boga hadjat koedoe ngadegkeun adegan noe sajaga kakoeatanana, sangkan oelah kadjadian eunjeuh dina waktoena dipake.

Atoeranana djoged kieu :

Kira wantji Isa, geus raboel boedjang-boedjang malah aja oge sapalih anoe geus laki rabi anoe masih katarik koe kasukaanana, pada marawa terebang gede, lobana djalma di balandongan meh saroea djeung lobana terebang, sabab djadi pamodjokan gede pisan di dinja mah oepama hidji boedjang teu boga terebang noe koelitna koelit moending teh, diseboetna djalma teu boga wiwirang”.

Doer Isa, noe djadi kokolotna, geus ngeloen ngoekoes di tengah balandongan tea, neneda ka Batara ka Batari noe ngageugeuh Tjidjoelang, njoehoenkeun diijoehan ditangtajoengan oelah aja pantjabaja, salamet dina waktoena djoged; sarta teu tinggal babaktina, djaba ti menjan bodas sareng kadaharan dina antjak sapeoratina, minjak seungit, rampe djeung kembang warna 7 ka Nji Pohatji, endog hajam kanoe ngageugeuh di dinja, eta kabeh diamparan koe boeh.

Saparantos babakti geus dikoemkeun ka sadajana, nembe breng, tataloe djamak sabiasa Moeloedan bae. Watara sadjam ti harita rengkenek aja noe ngigel lagoena “Kembang beureum atawa Bendjang”, nandakeun, tjenah kasoeroepan ti karoehoenna, noe biasa sok ngigel. Toetas eta

nembe breng aja welasna noe djoged ting aledjrag, ting aladjret dibaroeng bari ting djarerit, ting gorowok teu aja kendatna, malah bari silih djongklokeun, silih soentroengkeun, bari ngoerilingan koekoes djeung sasadjen tea, ka peutingnakeun mah, bari dibarengan morobotkeun pepetasan atawa njeungeut meretjon di dinja, ditempatna adjroeg-adjroegan tea.

Hate soemeredet aringgis bok bisi aja anoe tjilaka, da titinggalan woengkoel djalan balahi. Nja kaboektian sok radjeun oge aja noe bloegna pisan tisoesoet, nepi ka laboehna, kairik kasesered koe batoerna, nepi ka leuleus ngan kari empas-empes ambekanana woengkoel. Tapi aneh pisan kadjadian kitoe teh bet istoe teu didjieun reuwas reuwas atjan, anggoer si eta anoe roeboeh teh diparanggoel sok digolerkeun didjarian, oer bae dibandjoer koe dalangna; teu mangkoek sadjam, geus tjelegedeg deui bae, djagdjag satadi deui waras teu sakara-kara. Atoeranana noe djogedna silih ganti bae djeung noe nabeuh, djadi sadaja bisa nabeuh djeung djogedna.

Atoeran njoegoehanana noe djoged, samemeh bringna, kedah bae disoegoeh angeun “bagedor tjau manggala”, ditjampoer boros hondje, tjipati djeung laoek hioe, sanadjan di noe kariaan meuntjit, moending, loebak-liboek laoek oge, eta mah tara tinggal, margi ageung keneh kana kapertjantenan masih dianggo toembal sangkan oelah tjambal pangabisa, woewoeh emoet ka pangaweroeh.


Panambih ti Redaksi

Kadjabi ti kintoenan Djoeragan Empoe, redaksi nampi deui katrangan adat oerang Tjidjoelang ti Djoeragan Wadana Tjidjoelang, anoe dipoendoetan koe K.T.A.R Tasik meh sami bae sareng ieu.

Taja sanes redaksi oendjoek noehoen ka Kangdjeng Toean Asisstent-Resident Tasikmalaja, anoe parantos kersa makihikeun kana pieusieun Poesaka Soenda, nja kitoe deui ka Djoeragan Wadana Tjidjoelang teu kirang-kirang nja hatoer noehoen.

Redaksi.

166