Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/21

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
sana, pada mapaesan hidji balandongan, sarta dihadja bilikna koedoe rada tjarang. Sabada mapaesan adeganana, nembe der ngambeng, ngoedjoerna ti kulon ka wetan, ambengan sisihan dipaselang djeung amis-amisna ager, noe diroepakeun mamanoekan, lalaoekan ngabegoeg dina basi, sarta sikatan tjaoe. Antara ambengan diselang deui koe kembang keretas, noe diroepakeun tatangkalan roepa-roepa, ting aremplad dahanna kawas nu ngagupajan; di tengah-tengahna aja doea tiloe toempeng, laoekna hajam, endog djeung laoek tjai. Sisi-sisina eta ambengan tea dikepoeng deui koe bokor atawa talem, (moen teu aja, kolokop tjau dadakan) noe pinoeh dieusi lepit atawa sapoeratina seupaheun. Eta sasadiaan teu aja kaselapanana woengkoel kedah kenging landjang tea bae.

Sasalsena ngambeng, ngan oekoer aya hidji doea bae, landjang anoe ngadjaga toenggoe ambengan, ari noe sanesna goesak-gasik pisan baralik ka saimah-imahna, baleberesih diangir mandi, marake pahade-hade, saaja-aja, saboga-boga, pagandang-gandang ginding leuwih ti sasari; sanadjan dina boboran Sawal oge di dinja mah tara kitoe. Make noe kitoe koe oerang dinja disebatna “nebeng madjahkar”.

Reup, peuting dina malem kadoea welasna tea sareupna keneh oge, geus raboel boedjang-boedjang teh noe njakitoe deui, pada beunang ngaginding pagandang-gandang, noe tara ge dibendo harita mah meded, bleg bendo tjigadog, kadjeun torek karoengkoepan tjeuli, asal kasep katendjona, sarta pada njarorendang terebang gede, ngadjegir nengahan awak noe ngagandong. Sadaja pada maksoed rek Moeloedan, balaketjrakan dahar leueut. Sambian bari pada nembongkeun roepa djeung pangabisa maksoed oge njipoeh pangawoeroeh. Doer, bedoeg tjiri tetenger Isa di masigit; si boedjang-boedjang teh kawas geus teu kenging diampeuh deui hatena, der tataloe, patarik-tarik nabeuh terebang, geus geundjleung lain dikieuna, teu poegoeh dengekeuneunana, bari dibaroeng kawih,

sora ngadjerit ting darengek, pada hajang katara, ieu kalakoean nepi ka tengah peuting, didinja nembe ngaraso bari ngaropi, dahar balaketjrakan.

Dimana ari Nji Loerah landjang sabatoerna, naha laladjo di balandongan, sabiasa djamak djeung noe sedjen?

Aneh! Di djero balandongan, teu ngoelampreng awewe hidji-hidji acan, sihoreng ting koelamprengna, loer-lar diloeareun balandongan, bari ting taroong, hajang nendjo noe di djero balandongan. Oepadi anoe geus pada boga beubeureuh mah, mani nogel-nogel bae; tina bawaning hajang sidik ka beubeureuhna, kadjeun tjangkeul asal seubeuh nendjo, malah bari pada ting karoewes haharewosan, pasini noekeran roko koe lepit noe disajagikeun sakoeriling ambeng tea. Noe teu aja beubeureuh nja waktos harita loba kaeunteupan birahi, tampolana loba noe meunang pisalakieun atawa pipamadjikaneun, tjindekna nja harita pada hajang mareunang djodona. Atoeran kieu didinja mah djadi lemek paomongan, loemrah disareboetna “Noong”.

Waktos ngaso tengah wengi, kakara si landjang-landjangna arasoep deui ka balandongan, maksoedna rek mangmoerakeun toempeng ngabagikeun kadaharan, ka boedjang-boedjang djeung sabatoerna. Sabadana brak dalahar balaketjrakan, soekan-soekan bari silih tema sempal goejon, koe sindir djeung siloka anoe ngandoeng harti, basana djeung babasanana teu beda saperti sesebred ronggeng atawa ogel, ngadalang tjara dina gondang teu ditinggal. Sabada bararang dahar, deur deui bae narabeuh taja kendatna nepi ka braj beurang.


11. Djoged.

Ajana ieu karamean biasana di noe karamean, boh njunatan atawa kawinan. Petana pidoea minggoean deui; sanggeus noe boga hadjat babadamian djeung palawargi noe sedjen perloe manehna badami deui djeung Loerah boedjang lan-

165