Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/17

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
ngagoéroeh, kolot~koIotna ogé ka loear milu moroan sang monjet hideung. Ki Loetoeng bangor dibalèdogan tèh kalahka ngalèlèwaan sëmoe noe taja kagimir sénang-sënang baè goegoentajangan talalepa dina loehoer dahan kai. Gantjangna oerang lêmboer kabêh toengkeb pada rniloe moroan, ear djalma noe soerak barb dibarengan koe pamalèngpèng djeung pamalèdog.

Tina kai kana kai deui eta loetoeng barang nepi ka lemboer Tjikopo, ti handap pada ngabring-ngabring gantjangna boes deui ka lemboer sèdjèn, nja eta lêmboer Tjidahon.

Dadak sakala eta loetoeng barang nëpi ka lemboer Tjidahon rada sêmoe lindeuk nëpi .ka kekna beunang ditèwak, dikoeroengan koe ranggap paragi maraban hajam di pipir, dirogrog pada ngaialadjoan.

Di antara djalma noe sakitoe reana, aja hidji kolot oerang dinja noe sakadar aja kanjahona, pok manehna ngomong, pakna: ,,Ari loetoeng teh tjeuk kolot mah sok aja toengtoengna. Tjik bisi lain loetoeng samanea, geuning bet asa bageur-bageur teuing dikoeroengan teh teu daèkeun adoeg gabroet jeung teu pati eraeun koe djelerma ogé deui, bet kawas lain sabongbrong, hajang njaho oerang dodja, kabiasaanana loetoeng Ieuweung mah taja lain noe didaharna ngan bangsa poepoetjoekan, salian ti eta tara daèkeun. Ajeuna koe oerang oerang soegoeh roeroedjakan djeung kadaharan; lamoen baè loetoeng biasa, geus tangtoe moal daèkeun, tapi lamoen lain saloetoeng-loetoengna, tangtoe panjoegoehan oerang didahar”.

Kotjap eta kolot boel ngoekoes ngadowaän keur soesoegoeh, song diasongkeun, diaboeskeun kana djëro ranggap.

Sang loetoeng kawas geus mangarti, barang song ogè teu antaparah deui, roedjak djol legoek diinoem, kadaharan djob kedewek baê didahar. Atoeh kabeh pada helok; disëboetkeun loetoeng koekoet, da euweuh noe manggihan, aja djalma ngoekoet loetoeng, diseboetkeun loetoeng leuweung, meureun moal daèkeun dahar panjoegoehan; tètèla tjèk sangkaanana moe1 salah ieuh, tangtoe lain loetoeng samanèa.

Sabot kabèh ngaharoeleng bingoeng koe mikiran eta, naha naon gara-garana, aja doea boedak nëmpo kana ranggap, koe eta loetoeng ditjidoehan.

Beurang kasapih koe peuting, djalma-djalma haralik ka saimah-imahna, eta letoeng anggër baê dikoeroengan satadi. Kokolot tea ladjoe diangir rnandi, reup peuting menekoeng moedjasmèdi. Barang reup sarè di djol bae dina itoenganana, ngirnpi ka soempingan tamoe agoeng noe anjar pinanggih. Saoer eta tatamoe: ,,Bisi maneh teu njaho aing teh nja noe ngaroepakeun loetoeng tea. Pang datang ka deui aing rek mindahkeun waloengan Tjipaleboeh oe1ah sina ngamoehara ka Tjilaoet-eureun; maksoed aing isoek arek ka Tjilaoet-eureun, koe maneh koedoe dianteurkeun.

Aing heran katjida, datang ka lemboer Tjikopo bet rek pada nganiaja; sakitoe deui keun baè, meureun euweuh noe njahoeun mana baroga karep rek mergasa oge; tapi hate rada mentëgeg bae, di dinja koe saroepa euweuh noe djadi kokolotna; geura deuleukeun ëngkè!

Bisi maneh rada tjangtjaja ka aing, aing mere totondè tadi geus njidoehan doea boedak, awaskeun eta doea boedak djagána bakal ingkah moal aja di bali geusan ngadjadina.

Sakalian aing mere inget sakeudeung deui baris aja gara-gara noe pohara, koe hal eta maneh djeung sararea koedoe ati-ati, Sakitoe baè”.

Barang ras inget eta kolot gantjang pakoepis hadjat njalametkeun saaja-aja, djeurig eta loetoeng dipoendjoeng-poendjoeng.

Isoekna eta loetoeng dikaboearkeun tina ranggap, adjaib kawas noe geus ngarti, djol ingkig baê indit madjoe, leumpang noedjoe ka lebah Tjilaoet-eureun diringkeun koe kokolot djeung sawatara batoerna; barang nëpi ka tengah leuweung tjat eta boetoeng naek kana loehoer kai bes bae teu tèmbong deui, noe ngalanteurkeun gantjangna moelang, sadatangna ger hadjat.

Doea boedak noe ditjidoehan loetoeng tea teu mangkoek sabaraha lilana boeboe-

161