Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/7

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
ceuk saha lain golodog,
di sisi béh tangan-tangan,
mener ka lebah tangga,
akar ngaganteng ti luhur,
pamuntangan panaékan.
25. Tahap tangga lénang bersih,
akar kawas beunang mapas,
éta leuweung téh Pakuwon,
nelah nepi ka ayeuna,
tilas anu baheula,
nganteur rasmi ngayun kalbu,
arameng di paniisan.
26. Kebon kopi nu bihari,
ayeuna jadi kaboa,
ngalandeg mangrupa kebon,
kiwari gé henteu robah,
ngan wungkul salin rupa,
ting runggunuk bangun iuh,
resik tempat pasirnaan.
27. Matak lucu narik ati,
mun nénjo tempat kaboa,
kayungyun ku siga kebon,
ngabérés jajaranana,
misil beunang ngahaja,
di handapna lénang iuh,
linyih lir beunang nyapuan.(1)
28. Lamun nu karék ningali,
tangtu nyangka éta tempat,
kebon nu beunang mapaés,
aturan jalma ayeuna,
sarta dijaga-jaga,
tina rupana sakitu,
matak hélok matak héran.
29. Cenah mah éta dedemit,
reujeung kabéh macan-macan,
garawéna saban poé,
bagilir meunang bagian,
ngajaga éta taman,
wantu patamanan Ratu,
bisi aya nu ngalanggar.

__________
(1) Numutkeun katrangan R. Wiramadja Ciamis, pang laléndor lénang téh, lantaran sok disapuan ku umang (bangsa keuyeup dina kerang) ana aya kalakay ragrag sok geuwat disurungkeun kaluar.

S. d. R.

30. Nilik-nilik nu geus bukti,
handapeun tangkal kaboa,
salawasna lénang baé,
arang kalakay salambar,
lamun dipikir panjang,
na ku saha éta daun,
dicokotna dipiceunna?
31. Mun aya nu kumawani,
ngaganggu tangkal kaboa,
teu maké dongdonan jampé,
tinangtu dihakan macan,
tapi kitu gé duka,
wantu ngan béja ti batur,
teu acan nyoba sorangan.

SINOM.

32. Di Sancang aya wahangan,
anu misah ti nu lain,
kiruh kawas cai béas,
cenah corna éta cai,
ti karaton bihari,
lebah sisi pisan dapur,
urut anu baheula,
ngisikan jeung ngala cai,
katelahna ayeuna Cipangisikan.
33. Malem Salasa Jumaah,
dicegah pisan dipangkring,
di Sancang teu meunang lintar,
lantaran di éta peuting,
waktuna pra dedemit,
ka laut ngarala lauk,
Embah Brajadilewa,
sok munday tengah jaladri,
tangarana loba kilat tingbaranyay.
34. Najan lain malem éta,
lamun loba kilat tatit,
di laut babaranyayan,
henteu meunang kumawani,
ari sabab dipangkring,
risi bok bilih karungkup,
baheula enggeus aya,
palika nu kumawani,
gara-gara ngarempak éta larangan.
35. Ngaranna Alimukidam,
mener dina hiji peuting,
di laut babaranyayan,
Ki Alimukidam indit,

23