Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
monjet bodas, didjenengan Senggana atawa Anoman. Eta moerangkalih dirorok koe Batara Bajoe, dikoekoet dipoeloeng poetra, diwaris kasaktian kagagahan (Ladjengna tingali tjarios Batara Rama).


SEMPALAN ka II

Dina roentoejan iboena Soebali sareng Soegriwa, aja djenengan doea poetra radja anoe kaseboet, nja eta Soewandagni sareng Djamadagni, rai raka.

Raina anoe djenengan Djamadagni karesepna ngalalana ngadjadjah ka oenggal nagara, ari kersana taja lian ngan hojong ngabasmi noempes radja-radja naoe dalaim henteu adil. Soemawonten ari radja-radja boeta mah koe andjeunna dipapaj di oenggal goeha, disaksrak di oenggal leuweung, teu aja anoe kalaroeng diperangan ditaloek-taloekeun.

Doepi rakana, anoe djenengan Soewandagni tea, benten pisan panganggona ti raina, ieu mah kersana ngamankeun doenja teh sanes koe djalan paksa piroesa, nanging koe djoenoen menekoeng moedja semedi siang wengi, mandita meuseuh salira, moentang ka Dewa Batara. Sang pandita kagoengan poetra doea, anoe tjikal djenenganana Soemantri, satria kasep teu aja bangsana, salira ninggang satilas, wanda tedak ti patapan, toeroeg-toeroeg kasipoeh koe elmoe, gagah rongkah pilih tanding, sakti manggoelang-manggoeling. Nanging ari poetrana sang Pandita anoe kadoea, djenenganana Soekasrana, teu mantra-mantra ka Soemantri, ieu mah lain-laina deui, goreng patoet teh dibeakkeun koe sorangan, pamoeloe estoe soeroep ka tangtoeng, tjatjap ninggang kana patjatjadanana, kedok onaman bakal saleuheung, meh sarimbag sareng perah bedog raoetaneun. Nja eta dedeganana boentelek boenteloe pendek njemploe mejekeh tenggeng ari beuheungna tjelenggang, taktak lewaj kawas korang, dekok ari tarang nongnong, iroeng pegek biwir djeding, ngohngor tonggar rada monjong, panon tjelong bangoen kemboe, ari koelit lestreng kawas birit seeng, Moeng waosna barodas raranggeteng, ngaboelaeh peurahan kawas oraj welang. Ana Sasaoeran

galab arapap eureupeup, sentor sengor adat kasar.

Katjarios saparantos moerangkalih arageung, koe ramana baris disanggakeun ka Maespati ka Kandjeng Radja Ardjoena Sasra Baoe, soepaja diadjar koemawoela, adat tatambangan nagara. Doepi anoe bade dikintoenkeun teh moeng Raden Soemantri bae, margi ari Soekasrana mah taja petana, koeriak bae matak ngalingsemkeun ka sadajana.

Nanging barang Soekasrana ngadangoe rakana baris angkat ka nagara, bakal koemawoela ka radja, keukeuh andjeunna hojong miloe, teu ngaroemasakeun maneh tanpa daksa. Raden Soemantri weleh teu kersa dipiloean tina lingsem sasarengan, toengtoengna doegi ka pasea tina keukeuhna noe hajang. Soekasrana diseuseul diseksekkeun koe Soemantri, ari ditjandak mah henteu.

Raden Soemantri parantos aja di Maespati, ngabdi ka Ardjoena Sasra Baoe, katjida dipikameumeut dipikaasihna, sareng dianggo tanggelan tameng dada pangraksa nagara.

Anoe kapertjanten dioetoes ka nagara Magada tea oge, ngalamar sareng mapag pigarwaeun Kangdjeng Radja, poetri Dewi Tjitrawati tea, nja Raden Soemantri.

Nalika Raden Soemantri moelih ti Magada njandak poetri Tjitrawati, samemeh soemping ka nagara, andjeunna keuna koe tjotjoba panggoda, nja eta ngaraos tjangtjaja ka Radja, digoda koe boa keuna koe palangsia, manah hamham tina teu atjan oeninga enja kana kadigdjajaanana anoe ajeuna jadi doenoengan. Leuheung meueus moen estoe ratoe linoehoeng pinoendjoel, ngaoela teu panasaran, tapi koemaha lamoen ratoe sipoehan, migoesti kana sanglingan, lebar temen koe salira, ngaoela kanadjarian, njanghoeloe ks piroeroehan. Tina kitoe mamanahanana, nja andjeunna dagdagan rek ngadjoegdjoegan, meakkeun kapanasaran, didoega koe ditangtang perang.

Enggalna ger bae perang tanding Soemantri sareng Ardjoena Sasra, pada ngadoekeun kasakten. Nanging ti barang proeng koe Soemantri geus karaos eungap,