Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/4

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
ngan Dewi Tara, poetrana Batara Indra.

Ger Boeta Maesasoera diperangan awit diajenan koe Soegriwa, tapi teu kiat Soegriwa meh kateter. Nja ladjeng dilawan koe Soebali, didjorag koe doeaan ka enggonna di djero goeha Kiskenda, Soegriwa dipiwarang ngantosan di lawang goeha teu sareng lebet ka djero.

Samemeh Soebali lebet ka djero goeha tempat boeta tea, andjeunna mere totonden heula ka raina, nja eta : Lamoen dina waloengan anoe bidjil ti djero goeha tea, ngotjor getih beureum, eta tanda Maesasoera djeung papatihna anoe ngaran Djatasoera anoe kasoran perangna, Soegriwa koedoe geuwat asoep njampeurkeun ka djero; tapi lamoen ngotjor getih bodas, tanda moesoeh anoe oenggoel. Soegriwa koedoe gantjang njingkah karana tangtoe Soebali anoe nemahan pati.

Boes Soebali ka goeha, ger perang dihoeroep koe radja boeta Maesasoera djeung Djatasoera.

Eta doe boeta eleh tanaga eleh bedas eleh pangawasa koe Soebali, tetela ti barang proeng perang jen Soebali noe oenggoel, tapi meh teter tina weleh eta boeta teu daek paeh, boga adji wedoek-banjoe, teurak teu aja tjedana. Toengtoengna eta doe boeta koe Soebali katewak, sarta barang kek katjerek poendoekna, geprak dihantja diadoe-koembangkeun datang ka boesrat-basret polona mengsret, teu lila toeloej paragat. Getihna patjampoer djeung polona ngotjor kabawa koe tjai ka hilir.

Barang Soegriwa ningali waloengan tjaina beureum tjampoer djeung bodas, ngarendjag reuwas, reh emoet kana soebaja rakana, sarta geus teg dina manahna jen Soebali perangna awor, tangtoe poepoes doeanana boektina getihna tjampoer bodas djeung beureum.

Tina dina manahna geus teu sak deui teu mangmang deui, jen rakana geus poepoes teu antaparah ngan brek bae lawang goeha teh ditoetoep koe batoe, sarta leos bae andjeunna mah angkat ka Kadewatan oendjoek oeninga ka Dewa, bari nagih djangdji moendoet poetri.

Tina tetela satjarios Soegriwa jen Soe-

bali geus poepoes, koe dewa henteu diengkekeun deui sok bae Dewi Tara dipasrahkeun ka Soegriwa, gandjaran pedah Maesasoera geus paeh.

Katjarioskeun anoe mentas perang tanding di djero goeha, saparantoes ningali moesoeh kantoen babatangna, loegina manahna senang, reureuh heula bari ngantos raina anoe bakal mapag.

Nanging tina lami teu aja bae, enggalna ngaboejeng ka lawang goeha, sarta barang beh lawang ditoetoep koe batoe, raina geus teu aja, Soebali teu kira-kira kagetna. Keuheul djengkel ka saderek, naha tjidra teu ngoekoehan soebaja. Soebali aja manahna timboeroe. Sanggeus medal ti goeha, enggal bae andjeunna angkat ka Kajangan doemeuheus ka Dewa.

Barang Soebali parantos kenging wartos ti Dewa, dadaran lampah saderekna, andjeunna teu madjar koemaha, henteu keukeuh keukeureuweut, kamanah taja petana njalahkeun, Dewi Tara djadi milik raina.

Soebali djengkar ti kadewatan, ngalalana henteu ngaharoe biroe ka anoe keur oleng pangantenan.

Soegriwa saparantos migarwa Dewi Tara , ngaraton ngadamel nagara di goeha Kiskenda tea.

Doepi Soebali anoe tadina sadrah soemerah, keuna koe gogoda, kaangsonan karodjokan koe djoelig dengkina Rahwana, datang ka petjoh djeung Soegriwa, Dewi Tara diroeboet sarta Soegriwa ditoendoeng ti Kiskenda. Ari Rahwana pang nepi ka ngadoekeun Soebali djeung Soegriwa, lantaran kaomong koe pangosolna boeta anoe ngaran Sokasrana (Katrangan Rahwana ngansonan Soebali, engke bakal kapendak dihandap).

Toengtoeng lalakon Soegriwa perangna sareng Soebali, parantos kaoengel dina tjarita Batara Rama.

Katjarioskeun Retna Andjani saderek Soegriwa tea, nalika aja di leuweung andjeunna toeang “poetjoek asem”, anoe diragragkeun koe Batara Goeroe ti langit. Kersaning Sang Oeti-pati saparantos toeang eta, ladjeng ngandeg, nja barang borosot babar poetrana pameget mangroepa