Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/13

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Saha atañapi naon ari Semar?


Parantos aja sababaraha ocrang para boedjangga anoe ngadadar pamendakna pamoeka eta soeal anoe kaoengel di loehoer.

Geura oerang wajangken deui di dieu tjoetatanana sakadar anoe perloe kaoeninga.

Dina poestaka-mangsa ,,Djowo” tahoen ka 2 No. 4 aja lalakon „Petroek djadi ratu”, ari dina lalakon wajang di Soenda mah biasana disebat: „Oedawala djadi radja” Koe sadaja parantos kaoeninga Sang Oedawala teh panakawan Ardjoena, anak Semar anoe boengsoe. Sang Oedawala ditoendoeng koe doenoenganana. Bawaning koe nalangsa ngenes djeung njeri, toengtoengna tèga kana raga dek tatapa neneda moentang ka Dewa, Tinekanan panedana dongkap ka bisa miboga djimat ,,Lajang Kalima Sada”. Oedawala hajang ngaboebarkeun kanalangsaanana, ngaIindih sababaraha nagri, karep hajang males ka oeroet doenoengan. Saparantos pirang-pirang ratoo anoe diroeroeg, nja Oedâwala ngadeg radja, di nagara Lodjitengoro, sarta salin kakasih djenenganana ajeuna Sang Praboe Bèlgoedoewèl-bèh Tongtongsot-Oepelgen-Doerginadoe-Djengglèng.

Barang parantos andjeuna ngadeg nalendra, anoe diheulakeun tèh ngoebrakeun sagala hoekoem, moepoedjoehkeun kana ngadoe, ngadoe domba, ngadoe hajam, sintir tjekih djiit, sadajana djadi papantjen nagara, sarèrèa dioembar sakama-kama sakawenang-wenang. Sang Praboe Bèlgoedoewel nimbalan mapak bala baris ngaroeroeg Pandawa, malah geus helang ngiangkeun panangtang.

Koe Pandawa diajonan, nadjan risi rada gimir ogé, ningal moesoeh sakitoe keur nandjoeng pinoendjoelna. Mèmeh proeng taroeng Pandawa. ngoemaha heula ka Meralaja ka Praboe Keresna, Ratoe Méralaja seber tina oeninga jen- djimat Kalima-Sada kagoengan Pandawa tea geus aja, di moesoeh, nanging teu matak boentoe lakoe poegag lampah, tina awas koemaha piakal-tarekahoenana. Ari anoe kapeto ditimbalan koe Kresna madjoe perang ngajonan rnoesoeh, nja eta Ki Nala Gareng (Si Tjèpot), doeloerna moesoeh anoe keur ngalalakon tea. Praboe Balgoedawel-Bèh roentag pangawasana, kasoran koe Nala

Garèng mah, nja toengtoengna gorèhèl Sang Oedawala, ketjèptak djadi panakawan Ardjoena deui.

Tah kitoe ringkesna; tapi nãha eta lalakon tèh ngan sosompang karangan doang, atanapi djadi soeloek minangka siloka aja pesekeunana?

Geura oepami koe oerang ditilik koe taliti Langtos djol baè soeal: Naha naon atawa saha ari Semar, Nala Garèng djeung Petroek the? Oerang mana ti mana asalna eta teh, naon pihartieunana pang djadi aja kitoe dina wajang ?“

Ari margina noe mawi aja pertanjaan kitoe, kapan dina pakem pawajangan basa Sangskrit (Sanskrit-Mahäbharata) mah teu aja, henteu kaoengel eta anoe tiloe panakawan teh, Djadi tetela Semar, Tjepot (Gareng), Oedawala (Petroek) mah tjere karangan .Djawa, sanes hawa ti Hindoe.

Ari dina timbangan djisim koering rnah, eta Semar Nala Gareng sareng Petroek dina wajang teh, boa-boa djadi gambarna atawa perlambangna bangsa oerang priiboermi, dina dibandingkeun djeung hangsa Hindoe noe ngageugeuh kakawasaan di Djawa (baheula) noe djadi doenoenganana.

Ari margina pang aja sangka kitoe, eta ngimoetkeun kana poko pakem basa Sangskrit lalakon Mahabarata tea. Di dinja ditjarioskeun aja boeta.-boeta danawa anoe djadi moesoehna para satria satria, Tah tina eta pakem sok ngolebat kaoeininga jen anoe dipikarep koe anoe kagoengan tjarita, eta boeta-boeta danawa tadi, nja gambarna, perlambangna, oerang priboemi tanah Hindoe pitoein, ari satria-satria anoe garagah, eta minangka bangsa Ariers.

(Sing emoet jen tjarios wajang the sanes lalakon di Djawa nanging sajaktosna di Hindoe. Ari bangsa Hindoe harita dibawah parentah bangsa Ariers. Djadi oerang pribumi Hindoe diibaratkeun (dieunteupkeunana) kana boeta.

Dina lalakon Ramajana (Batara Rama) kadjaba ti boeta-boeta danawa, kaoengel aja monjet, aja gad,jah-biroeang. Anoe barisa ngomong mangroepa djelema, anoe djadi gegedoegna djenenganana Soegriwa, Soebali, Djembawan, Anoamn diseboet monjet keneh nja eta anoe djadi babad Batara Rama. Batara Rama moal tiasa ngelehkeun Rahwana

29