Page:Poesaka Soenda 1923-07-2(01).pdf/20

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
naranjakeun waktoena. Ti anggalna keneh djelema-djelema di dinja pada ngaloris kolotokna, bisi talina geus rapoeh atawa kantilna lesot, diaromean. Oerang dinja kabeh pada merloekeun miboga kolotok.

Dina poe noe geus ditangtoekeun, broel djelema-djelema the ngajoegjoeg saoeng koewoe, sadatangna retop pada njaralaj pare, dimana parantos rengse toeloej dibereskeun koe salahsahidji parentah desa sina ngantaj, iboena ti heula. Eta noe naranggoeng the kabeh dibaleubeur “kolotok”, kolotokna sina tjlok ti toekang. Joeragan koewoe make kadinesan, pernahna satoekangeun “iboe”, diiringi koe parentah desa sabawahanana. Ari geus tarapti broel madjoe sora kolotok rame pisan, dibaroeng koe soerak ajeuh ajeuhan. Sanggeus nepi ka desa toeloej moeter, 2-3 koeriling di aloen-aloen. Anoe laladjo teu woedoepoharana, moenggah ngagimboeng di aloen-aloen. Sabada pare ampih, der hadjat di bale desa, teu woedoe lain hadjat loeloemajanan, make ngondang prijaji sagala. Mmeh ngarioeng “toekang idjab” djoeng nangtoeng, omongna kira-kira kijeu: “He, para Bendara, para Djoeragan. Sarta ka sakabeh mitra-mitra noe aja di dieu, neda disaksian; abdi kawakilan koe Djoeragan Koewoe, reh ajeuna Nji Sri parantos entep, sarta moeloes rahajoe taja halangan-haroengan naon-naon, sedja bakti toewang sapoeloekaneun:

1e. Ka karoehoen Djoeragan Koewoe istri pameget. 2e. Ka sembah-dalem Sapoeangin noe soemare didieu. 3e. Ka goesti Kjd. Soeltan Goenoengdjati 4e. Ka para Nabi djeung Wali. 5e. Ka noekageuleuhan kakeumeuhan didieu. 6e. Ka noe ngageugeuh sirah tjai, bangawan djarian .... 7e. Ka karoehoen-karoehoen, karamat-karamat di anoe, di anoe .... s.s.d. Ari panoetoepna, “pendekna koenpajakoen bae, ti masrik nepi ka magrib.” Disamboeng koe dowa pandjang pisan. Toetoep ngadowa ka kara brak toewang.

Papaes imah.

Lamoen oerang ngandjang, barang soep age ka tepas, geus ningal gambar wajang ditapelkeun dina bilik tepas, sawareh koe wajang koelit enjaan diselapkeun dina bilik. Ngawitan mah koe sangkaan bate, eta wajang the keur perhiasan bae.

Nanging, sihoreng lain kitoe, eta wajang teh minangka gambar wanda hatena priboemi tea. Oepami wajangna Semi Hadji, eta djalma tabeatna sabar Mandoera gede ambek.

Poerabaja gede karep tegep sarta bedas s.s.d. Nanging nitenan noe wajangna “Dorna” mah teu aja, djadi tetela pada emboeng diseboet djelema “goreng hate” atawa ngakoe goreng hate mah. Bedjana eta anoe netepkeun piwajangeunana the Ki Dalang. Malah tina oerang dinja resep enja kana wajang koelit, tjitjiptan baroedakna oge pohara napelna.

Baroedak leutik oge geusbisa ngagambar wajang, babakoena noe dipikaresep koe manehna, boh roepana boh oekiranana njeples pisan.

Ngaran baroedak.

Mere ngaran ka boedak dapon bae, babakoena ngaran boedak lalaki noe marodel the, geura mangga tingal ieu di handap.

Soembag
Tambag
Waloeh
Boeloes
Badjing….s.s.d.

Ari ngaran noe katelah koe anak, sok dibaikkeun sapertos anakna ngaransi Waloeh, bapana nelah “Waloehbapa” sanes “Bapawaloeh.”

M. Natawiria

(1) Kagegelan Rad. Sastraatmadja Hoffdschoolopziener kenging njoetat tina P.K.