Page:Poesaka Soenda 1923-07-2(01).pdf/1

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
No. 1
Tahoen ka 2
Juli 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 1

1. Taoen ka doea katja 1
2. Bab Wajang " 2
3. Ngibing " 4
4. Babad Santjang " 8
5. Wintjikan Djenengan Ardjoena " 9
6. Walonan serat " 11
7. P. S. taoen ka hidji "
8. Tata tjara Djati toedjoeh " 13


Taoen ka doea.


Hibar pindoènga sadajana, dina sasih juli 1923 poesaka soenda tinekanan nintjak kana taoen ka doea. Samèmèh naratas hantja ngambah djalan noe bakal kasorang, dina mangsanan si Djabang baji ngalangkah wedalanana, njoèrang heula ka toekang njawang latjakna anoe mentas kaliwat. Sakoemaha anoe parantos kaoengel kapoengkoer, jèn babakoena, djoedoel pamaksoedanana. PS teh kana ngagoear poesaka wedalan soenda, djadi pamelaran pangadadaran titingal karoehoen oerang, lantaran djadi pakatjarna pagoejoeban java instituut. Koe pitandangna para kantja mitra sareng para djoeragan anoe pada kersa roemodjong kana oedagan eta poesaka soenda tiasa majeng henteu pegat kataradjang hama di djalan; koe margi eta pangoeroes oendjoek noehoen ja sadaja anoe parantos masihan pitandang ngiring mikawelas nga djendjeuhkeun poesaka soenda soemawonten ka djoeragan-djoeragan langganan anoe pada toehoe ngabajoean hiroepna pusaka soenda.

Dina prakna ngagoear poesaka-poesaka titinggal anoe baheula, atanapi latjak anoe ajeuna eukeur ditintjak tea, dima PS tahoen ka I parantos kapendak, nja ari rea mah

1