Page:Poesaka Soenda 1923-05-1(11).pdf/12

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

17. Kala-loewang.

Nja eta koeda anoe aja dekokan dina awakna, teu aja tanda raheut atawa tjeda, eta goreng. Watekna matak kasoesahan ka noe miara.

18. Pendem oepas.

Nja eta koeda anoe koekoelintjiran raina, eta goreng. Watekna noe miara mindeng keuna panjakit.

19. Sapoe pendal.

Nja eta koeda noe teu boeloean bagal boentoetna, eta goreng. Watekna matak lesang koeras.

20. Doedoek angrem.

Nja eta koeda noe belang siritna taja teroesna, eta goreng. Watekna matak gering saimah-imah.

21. Soesah ligar.

Nja eta koeda anoe boentoetna sok asoep kana boedjoerna, eta goreng. Watekna noe miara sok patjengkadan djeung batoerna atawa djeung sanak koelawarga.

22. Taradjoe emas.

Nja eta koeda noe koekoelintjiran dina tarangna saloehoereun wates panon, doea tihandap hidji ti loehoer, tjara timbangan emas, eta aloes. Watekna noe miara saoemoerna moal koerang ridjki, toer dipikaasih koe pada djelema.

23. Baja kasrangkoel.

Nja eta koeda anoe koekoelintjiran ngadjadjar ti loehoer ka handap, pernahna antara wates tarang djeung bangoes, eta goreng. Watekna noe miara sok mindeng meunang kasoesahan, malah sok kadatangan balahi.

24. Woeta westi.

Nja eta koeda noe koekoelintjiranana ngadempet. . . . , eta goreng. Watekna mawa apes ka noe miara, nadjan soegih koedoe bae ditapoek koe kasangsaraan.

25. Astamanik.

Nja eta koeda anoe sopal soekoena opatanana sahandapeun toeoer, eta goreng kabinabina. Lamoen dipiara koe kapala, sok tereh dikaloearkeun tina kapangkatanana;

lamoen dipake perang matak eleh sarta kapotong beuheung; djeung sok mindeng meunang wiwirang.

26. Roeboeh karna.

Nja eta koeda anoe pamatrina toekangeun anoe galib, eta goreng. Lamoen dipiara koe kapala matak dilepas; moen dipake perang matak kasoran sarta kapotong beuheung.

27. Gorok (Borok ?)

Nja eta koeda anoe koekoelintjiran dina beuheung, eta goreng. Lamoen dipake perang sok kapotong beuheung.

28. Soedjen teroes.

Nja eta koeda anoe aja koekoelintjiran dina tetepokan. Eta goreng.

29. Soeroeng.

Nja eta koeda anoe koekoelintjiran dina bokong kentja, eta koeda hade. Watekna ditoeroet sagala titahan djeung kaimpoengan koe batoer.

30. Djangjengrana.

Nja eta koeda anoe koekoelintjiran dina tjongo tjeuli. Eta aloes katjida. Watekna mawa santosa djeung tawekal dina sagala pagawean.

31. Sira mangempel.

Nja eta koeda anoe boeloe tjeker ti hareup bodas eta aloes. Watekna matak kadeukeutan ridjki djeung pinoeh kaboengahan.


Oenak-anik basa Soenda

Serah bongkokan, sanes taloek dodongkoan memendekan, tjara noe boengkok tapi masrahkeun bongkokan, hartosna pakarang beunang meungkeutan. Bongkokan beungkeutan, hoeroenan.

Paririmbon, asalna tina rimboe hartina simpen, teundeun. Paririmboean diringkeskeun djadi paririmbon, hartina sisimpenan.