Page:Poesaka Soenda 1923-05-1(11).pdf/1

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
No. 11
Tahoen ka 1
Mei 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-:
:-:
JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngéténg " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P. S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 11


1. Agama Boeda panggelar Boro-boedoer katja 161
2. Paririmbon (Tjatoerangga Koeda) " 167
3. Oenak-anik basa Soenda " 172
4. Pihatoer Redaktie " 173
5. Wawatjan Siliwangi " 173


Agama Boeda panggelar Boro-boedoer.

(Samboengan P. S. No. 8 katja 123).

Koe sadaja ogé tangtos parantos kaoeninga, jén dina oenggal agama pada aja roekoen-roekoenna sarta aja babagianana atawa tahapanana anoe pada-pada aja bagbaganana. Saperti dina Islam: aja roekoen iman, roekoen Islam, saréat, hakékat, aja sara, aja tarékat sareng seueur-seueur deui, tah dina agama Boeda ogé nja kitoe sanés moeng salandjaran atanapi saroentoejan baé.

Doepi anoe djadi wawaton agama Boeda dibagi tiloe bagian; toegoe anoe djadi pikoekoeh panjangtjang kapertjajaan, nja éta anoe diseboet:

Triratna.

Demi éta anoe diseboet triratna téh, nja éta koemboehna koem tiloe pikoekoeh, iman atoeran kaboedaan, hidji-hidjina nja éta:

  1. Boedha (Minangka nabina).
  2. Dharma (Pangadjaran agamana, minangka Islam at. Karistenna).
  3. Sanggha (Atoeran, oeger-oegeran kapanditan).
    161