Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/9

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

6

éta jadi ciri wanci, cimani ditambah rupi, tambahna hideung nu alus,
tah kitu anu rék nyiram, éta ujang masing sidik, tacan puguh bakuna
mangrupa urang// éta agus sing kamanah, cahaya nu bodas kuning,
nu hideung nu beureum téya, nu bodas mah keur ningali, eukeur ngangseu anu kuning,
nu beureum baris pangrungu, nu hideung buwat pangucap, opat cahaya ngajadi,
éta kit mimiti rék jadi jalma // ari éta keur paningal, ngarana sipat
maani, alamna mah alam arfah, ari pangangseuna deui, sipat manawi
yah pasti, alam ajsam éta agus, ari eueur pangrungu mah, sipat
salbiyah geus pasti, alam insan éta anu kasebutna// ari keur pa
ngucap téya, napsiyah sipatna deui, insan kamil téh alamna
ku agus masing kaharti, jeung alam téh aya deui, nyaéta alam
gu tilu, saméméh alam nu opat, nu tilu heula nu jadi,
ahadiyah alam wahdat wahidiyah// ari alam ahadiyah, éta ujang
(_ _ _) harti, waktu ngadeg di antara, caang jeung caang ngahiji