Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/16

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

13

nyuhunkeun piwuruk, sang pandita gancang jawab, sukur pisan ulah kapalang nya ngaji,
sing béyak panemu ama// éta kiyeu anu rék mati, mimitina raos kumpul, ( _ _ )
tina bulu kumpul kabéh, terus kana kulit nyurup, tina kulit nyurup deui, nyurupna
kana (ati) kana lamad terus, ti dinya éta nyurupna, kana daging kana getih nyurup deui,
kana tulang jeung sungsum, tina sungsum éta ngumpul deui, kana hamperu di dinya
kumpulan, dina dasar bujal kabéh, saenggeus di dinya campur, sumping éta
hiji deui, nu aya dina antara, kana soca nyurup kana buner panon téya, ti di
nya téh terus baé nyurup deui, kana bobodasna soca// ti dinya téh terus,
nyurup deui, kana kuping tina kuping kana beureumna, kana hihideuingna panon, ti dinya mah
terus nyurup, kana uteuk seug ngahiji, ti dinya terus ka handap, kana urat beuheung terusna
ti dinya aya cirina, urat beuheung semu ngeunteung bébér tarik, aya keur méréyan jalan
// ti dinya mah geus satengah leungit, ingetan téh ranawa nundutan, jeung semu
tisalik panon, ti dinya mah aya terusna, sakabéh ka jero diri, di dinya mah
patepungan, di nu bujal kumpul, ngahiji eroh jeung sukma, tatapina éta
hanteu lami, ti dinya mah terus angkat// ngan sakilat angkatna teu katawis
éta ujang geus teu jadi napas, eureun di lebah tikoro, di dinya agus sing map
hum, ingetkeun carita sindir, tamaga dicampur omas, lebah dinya leburna