Page:Kitab Tashowwuf.pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

haté manéh karep dunya atawa ahérat. Ari raksaeunana létah téh, nyaéta tina dalapan perkara. Sahiji létah téh kudu diraksa, ulah dipaké bohong saenyana atawa bohong banyol éta pon ulah baé. Karana ari bohong heureuy téh, ana dibiasakeun matak mawa kana bohong énya, ku sabab éta geus ngalahir Imam Ghozali rohimatullohi ta’ala, "Ari bohong téa indungna sakabéh dosa gedé." Kadé létah téh ulah dipaké nyidra kana jangji. Tegesna manéh téh samangsa jangji kudu sampurnakeun ulah sok nyalahan. Anging lamun sabab manéh atawa sabab manéh hanteu kawasa. Katilu, létah téh ulah dipaké ngupat jalma. Ari hartina ngupat téh, nyaéta upama manéh ngomongkeun jalma di tukangeunana. Padahal mun kadéngéeun ku éta jalma anu diomongkeun téh tangtu meureun geuleuheun. Sarua baé jeung anu diomongkeun ku manéh sifat kakurangan dina badan atawa dina pagawéanana atawa dina agamana atawa dunyana atawa dina papakéanana atawa dina imahna atawa dina sato-héwanna atawa dina salianna. Ti dinya éta sakabéh omongan enyana anu geus disebut téh ngupat ngarana sarta matak jadi dholim sanajan enyana pangdiomongkeun téh pon ngupat bae ngarana.

Kaopat létah téh ulah dipaké méré, tegesna nyela kana omongan sarta maduwan tur ngabenerkeun manéh, jeung ulah dipaké nyidra, tegesna papaduan dina masalah ilmu sarta datang ka ngaluarkeun dalil karana supaya gero-gero ka batur padu téa, jeung ulah dipaké munaqosyah filkalami, tegesna maduwan kana omongan batur. Karana éta anu tilu matak nyeri angen jeung ngagégélo deungeun