Page:Kitab Pakih Soenda.pdf/50

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

ma'mum sarta imam, maka hanteu sah salat luhur atawa asar ma'mum ka nu nyalatkeun mayit; kalima kudu muwapakat ma'mum sarta imamna sakabéh sunat-sunat, anu jadi goréng rupana, lamun ma'mum hanteu milu, kaya tahiyat atawa kunut; kagenep kudu niyat ki ma'mum kana salat imam dina jero salat; katujuh kudu pandeuri takbiratul ihram imamna; kadalapan ulah ma'mum ka nu bersalahan ijtihadna; kasapuluh ulah miheulaan jeung ulah ninggalkeun ku duwa rukun anu bangsa panggawé, upama hanteu udur; sawelas jalma anu ahli kira hanteu sah ma'mum ka nu umi; kaduwa welas hanteu sah ma'mum jalma lalaki ma'mum ka awéwé. PASAL ARI sarat wajib juma'at éta tujuh perkara. Sahiji islam; kaduwa 'akal; katilu balég; kaopat merdika; kalima cageur badanna; kagenep mukim; katujuh lalaki. PASAL ARI sarat sah salat juma'at éta opat perkawa. Sahiji kudu salat di jero lembur, atawa di nagara; kaduwa kudu salat barjama'at dina raka'at awal; anu ahli juma'at téya éta opat puluh jalma, sarta lalaki, 'akal balég, merdika, imah-imah tangga, katilu kudu salat juma'at téh dns waktu luhur; kaopat niyat jadi imam jeung kudu niyat ma'mum ki ma'mum dina jero takbiratul ilram. PASAL ARI perlu salat juma'at éta sajabana tina ru-