Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/9

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

mikoetoe simboet koewar sindjang sapala toemarima, lamoen peatjangeanana rampes geura poetjang katjandak lĕmareun satektek dibeuweung diameur ameur, ditjapek diantjeng antjeng, dilĕmar ombak ombakan na toengtoeng landĕp daoen tjoeroeloek, mitjeun tjikeusal ngaloewah ngarantja beureum, kasipoeh karatoean kadjongdjonan koe kamenakan, seupah boeroek dipatjoelkeun ka boeroean padalĕman, mangkana malang njoembirang, tanding kasintoe mantjirang, hapoer diga kĕmbang boengoer, ninggang paroeng kĕmbang dadap, ninggang bantar seor sĕntor, pibedjaeun bisi petal pinembalaneun.

„Adeuh, njai, ajeuna moedoe diwoeroek si Mene ngeujeuk.” Dibere kapas toedjoeh bobot kanteh toedjoeh toekĕl, toeloej tjalik di bale baboet bale gantoeng bale gandjar bale toelis bale keusik paninoenan, angkat ninoen dibandoeng kadalapan satoendjang deui, mendek mental na panangan, nanamboek tjangtjangan baloek pakarana patĕdakan, pakarana ĕmas ĕmasan djingdjingan ti Noesa Djĕnggi limboehan ti Noesa Galoeh barera ti Mĕdangrarang totogan ti Mĕnang kabo; tali tjaor kawat djantra didjingdjing ngirintjing, dikesoh kesoh ngorontjong, gengge ĕmas gengge adoean, heuleut heuleut gengge boewah boengoer, magoetan ka hapit kĕntrang.

Tinoen dilanggoeroepkeun, ari indit ngoesap birit, bisi birit maheum samping, dja larangan boedak ngora, tjipangoelas dibatoerkeun, nja bisi ditotor mejong, kadjeun teuing bisi dikodjajan andja andja.

Matoer ka tetehna njai Tjilibomasari: „Atjeuk aing atjeuk ageung, harendang keujang hajang teuing geura siram ka soemoer bandoeng talaga hoerip pantjoeran djolang salaka.” „Adeuh, indji koenaon ngadadak kijeu sarina njeuri beuteung.” „Aih, atjeuk aing atjeuk ageung.” „Ari teu ngeunah rarasaan mah geura moelih bae ka girang iboe.” Angkat ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut moelang djeung si indji, angkatna naliktik boemi, angkatna nalangtang desa, goeroedag ka padalĕman, masang tabe ka moengkoereun gorodjog tanpa rarapan bageja soemping tjalik, gek tjalik di padalĕman. „Pangapoentĕn, girang iboe, koenaon nja rarasaan ngadadak njĕri beuteung, kitoe oge ngatoerkeun beuheung teukteukeun, iga rakrakkeun; ti loehoer sa sikĕt ramboet, ti handap saroendaking dampal.”

„Adeuh, indji, badeng njĕri beuteung, deuk ngadjoeroe.”

„Soekoer teuing soehoenan iboe elok noeloeng.”

„Euh, indji, rampes dek ngadjoeroe mah.” Boeg ebog si indji tadjam ngaheudjeun sakali kadoewana, boeroelak ngadjoeroe, dioeroesan, dibaroetan, diberesan. Katjaritakeun peureuhan teuloe poĕ teuloe peuting; barang meunang toedjoeh peuting pek peureuhan deui.