Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/57

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

„Nanaonan taroeng taroeng djeung doeloer, pĕrang djeung baraja, mangsing areling.”

Toeloej eureun, pada tjaralik di boeroean Pantja Batang, geus rapih pĕrang.

Katjarita Praboe Moending Wangi njerenkeun nagara Koeta Potong sabeulah ka Praboe Ranggah Sena.

Toeloej Praboe Moending Wangi moeroed ka padalĕman ka Lĕmah Doehoer, gĕnah toemaninah.

Teu kĕbĕl deui oerang nagara Koeta Potong moeroed ka padalĕmanana.

Di Lĕmah Doehoer aja doewa ponggawa noe djĕnĕngan Toean Djajapaksa Raden Tjarama Laksana djeung hidji Raden Kĕling.

Katjarita deui moeroedna nji Mas Maja Larang ka padalĕmanana di Koeta Potong djeung ponggawa Praboe Soentĕn Agoeng djeung pawarangna Moetia Manik djeung Kastoena Kantjana djeung Praboe Ranggah Sena. Noe poerah nanggoel moesoeh, noelak lawan di nagara Koeta Potong, tĕtĕp gĕnah Praboe Moending Sari. Toeroen euntjoe, rĕndang anak di nagara Lĕmah Doehoer. Djĕmpling teu katjaritakeun deui.


______