Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/55

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

galing gĕna, bageja tjalik ka pangtjalikan badan koering. Gek tjalik di padalĕman Koeta Potong.

Katjaritakeun njai Raga Geulis Nji ĕmas Maja Larang, pawistri di Koeta Potong, katema koe ponggawana Praboe Soentĕn Agoeng, boga deui girang pawarang djĕnĕngan Kastoena Kantjana, hajang nongton kaoelinan ngadoe hajam.

Bral angkat beunang dangdanan deuk nongton ngadoe hajam ka nagara Pantja Batang Antrawidjaja.

Diiring koe pandakawan Praboe Banjak Soemba, si Barang Tineung. Barang datang ka boeroean Pantja Batang Antrawidjaja, geus njampak papanggoengan kagoengan Praboe Moending Wangi. Toeloej oerang nagara Koeta Protong njijeun papanggoengan pahareup hareup djeung papanggoengan Praboe Moending Wangi. Ladjoe tjalik pawarang dalĕm Praboe Moending Wangi kana papanggoengan.

Ajeuna njaritakeun ponggawa noe ngadjaga lawang Koeta Potong noe djĕnĕngan Praboe Ranggah Sena, Lawang Praboe Langga Sari, Praboe Poerbasari, Poerba Karang, Poerba Denta, Rangga Poepoek, Tanoerang Gagang djeung Praboe Djaja Wastoe, noe ngagadoeh ranggap gĕde.

Katjaritakeun balad Praboe Moending Wangi noe ngadjaga lawang sasaka domas, djĕnĕngan Praboe Moending Sari, Moending Singa, Moending Mĕrĕga Singa, Moending Mĕrĕga Djaja, Moending Mĕrĕga Laksana, Moending Mĕrĕga Loentjat, Moending Barang djeung Moending Daratan.

Praboe Moending Wangi mah geus boga hajam adoekeuneun ngaranna Atji Kĕmbang Kahijangan.

Ari pawistri ti Koeta Potong mah tatjan boga hajamna; ladjoe nitah njijar ka pandakawan noe ngaran si Barang Tineung. Toeloej nindak si Barang Tineung njijar hajam, nektekan bĕling di pipir leuit, diteundeun kana kandek djamang. Toeloej ngadeuheus ka padalĕman Praboe Djaja Wastoe, noe ngagadoeh ranggap gĕde. Matoer si Barang Tineung ka Praboe Djaja Wastoe: „Ideuh, sang praboe, badan koering nanggoel pioetoes, ngĕmban parentah dititah njijar hajam, noe patoet adoekeuneun.”

Dibere koe Praboe Djaja Wastoe kotok poepoek; teu ditarima koe si Barang Tineung: „Dja ijeu mah lain kotok patoet adoekeuneun.”

Dibere deui si Tĕlĕgoeg Djantoer, teu ditarima deui bae koe si Barang Tineung. Dja kahajangna si Barang Tineung lain noe eta. Ladjoe si Barang Tineung aja akalna ngagembreng gembreng kandek djamang, maroekankeun doewit; horeng bĕling. Ari hajam noe bagoes mah di-