Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/53

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toeloej Praboe Sakti Koesoemah njoeratan ka noe keur tapa, menta toeloeng. Ari basana soerat kijeu: Lamoen ratoe roekoen djeung doeloer, moepakat sama koela kadang, Praboe Sakti Koesoemah menta agoengna paraloen, hajang ditoeloeng hiroep koe noe keur tapa di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoengdjang, sabab ajeuna eukeur dipĕrangan koe Raden Paksi Boemi, radja ti Madjapaït.

Sanggeusna Raden Lambang Sari tamat matja soerat, teu tatapasini deui, ladjoe ngadjak ka Bima Wajang ka Ratoe Manik Nanding Leuwi angkat ka nagara Djadjar Wajang, dek noeloengan pĕrang, diïring koe Mama Loerah, Koeda Pangĕmban djeung koe Gĕlap Njawang. Barang saroemping ka nagara Djadjar Wajang, kasampak keur taroeng pĕrang Praboe Sakti Koesoemah djeung Raden Paksi Boemi.

Njaoer Raden Lambang Sari ka Bima Wajang: „Owah, girang adi, geura toeloengan itoe Praboe Sakti Koesoemah, geus pajah kadeuleuna koe girang kaka.”

Naradjang bae Bima Wajang, noebroek ka Raden Paksi Boemi; dĕr pĕrang tandingan. Silih banting, silih rĕngkas, silih soedoek koe doehoeng, silih pĕntoeng koe balijoeng. Golojoh Raden Paksi Boemi eleh, tapi hĕnteu paeh. Geus kitoe mah moepakat, beres deui di nagara Djadjar Wajang.

Matoer Praboe Sakti Koesoemah ka Raden Lambang Sari djeung ka Bima Wajang: „Koemaha, girang kaka, dek tĕtĕp didijeu atawa mohal?”

Djawabna Raden Lambang Sari: Kami mohal tĕtĕp didijeu, dek balik nikahkeun si indji djeung Bima Wajang.

Tidinja bral Raden Lambang Sari, Bima Wajang djeung Ratoe Manik Nanding Leuwi moelih ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, diïring koe Mama Loerah, Koeda Pangĕmban djeung koe Gĕlap Njawang.

Katjaritakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang mimiti angkat karija, ngawinkeun Ratoe Manik Nanding Leuwi djeung Bima Wajang. Meuntjit moending toedjoeh likoer, meuntjit hajam salawe parandje eusina pada njalawe. Ngagoeroeh sora tatabeuhan; tjaloeng salawe rampasan, goöng salawe bangoenan, angkloeng salawe tatapan. Ngagĕdĕr di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang meunang dalapan poë dalapan peuting; ka salapanna boebaran.

Tĕtĕp Bima Wajang andĕg radja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang; teu moelih deui ka nagarana.

______