Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/48

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Barang geus koempoel di nagara sakabeh hijangan paragĕlangan, parajaji toedjoeh poeloeh, widak widak pihoemaän, toeloej si Lengser ngomong: „Ideuh, batoer batoer kabeh, ajeuna oerang koedoe njijeun djalan ti nagara Madjapait tĕroes ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, sabab radja di Madjapaït ngĕrsakeun ngandih nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.”

Tidinja gĕr pada digawe, haliwoe noe noewar kajoe, basbir noe nilas awi; hoenjoer dirĕmpoeh, noe lĕgok disaeur. Sapoë harita tĕroes ka sisi nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.

Toeloej baralik deui ka Madjapaït sakabeh noe njijeun djalan, bebedja ka Badak Sanggora, jen eta djalan geus anggeus.

Katjatoerkeun Badak Sanggora matoer ka Singa Kombala: „Ideuh, girang goesti, ajeuna mah mangga dek moeroed salĕlĕmboer, dek mintar sanagara, meungpeung isoek, dja djalan geus sadija.”

Tidinja si Lengser toeloej ngadangdanan koeda poetih Sangbarani, anak si Mega lalanang, baris toengganganeun noe kasep Singa Kombala, djeung koeda poetih boeloe hiris geusan toengganganeun Badak Sanggora, djeung kareta geusan Sĕkar Kombala djeung istrina Singa Kombala. Barang geus rengse dangdanan, bral angkat moeroed salĕlĕmboer, mintar sanagara, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, ngĕlĕboet oemboel oemboelna, pajoeng toedjoeh noengkoensengkoe, pajoeng dalapan ngadjadjar. Katjaritakeun barang soemping ka sisi nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, ngadĕgkeun pasanggrahan heula, hĕnteu geura geura asoep ka djĕro nagara.

Tidinja kabedja ka Gadjah Loemantang, jen Singa Kombala, radja Madjapaït, geus njijeun pasanggrahan di sisi nagara, dek ngandih nagarana.

Geus kitoe matoer Gadjah Loemantang ka saderekna njai Nimbang Manik: „Ideuh, girang adi, oelah ngeunah ngeunah pikir, sĕnang sĕnang lampah, nagara oerang dek diandih koe noe kasep Singa Kombala, radja di nagara Madjapaït. Malah ajeuna geus ngadĕgkeun pasanggrahan di sisi nagara.”

Tjik njai Nimbang Manik:

„Ideuh, girang kaka, hajoe oerang geura oendoer meungpeung djaoeh, geura angkat meungpeung rada anggang keneh.”

Ambĕk Gadjah Loemantang ka adina bari matoer: „Owah, indji, girang kaka mah moemoel oendoer koe moesoeh, leumpang koe lawan, sabisa-bisa dek dilawan bae.”

Geus kitoe matoer deui Gadjah Loemantang ka Praboe Goeroe Gantang, saoerna: „Ideuh, girang adi, si indji ajeuna geura bawa