Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/41

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Bral angkatna moelang madjoe djalan. Goeroedag ka padalĕman, ladjoe ditanja koe girang kakana: „Koemaha, indji, boga beubeunangan atawa hĕnteu?” „Aideuh, girang kaka, dingaranan boga, dja hĕnteu beunang, dingaranan teu boga dja beunang; ngan gĕde teuing pepentaänana.”

„Owah, adi, menta naon?”

„Haidih, girang kaka, menta diajakeun moending boeloe hiris koeda boeloe landak di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.”

Njaoer Ratoe Santaja ka Kidang Panandri, lamoen hĕnteu djadi, matak boeroeng djadi ratoe, kapalang djadi menak, lamoen teu kasorang ka noe geulis Dewi Toelis. „Owah, girang lantjeuk, ajana mah aja moending boeloe hiris koeda boeloe landak, tapi djaoeh; nagarana di nagara Noesa Bali.”

„Owah, girang kaka, si oetoen njerenkeun padalĕman, toewang adi deuk njoesoel ka nagara Noesa Bali.”

Sĕmproeng menak Panandri, angkat ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng, ngapak ngawang ngawang, nĕroes boemi mapak mega; groedag soemping damping dongkap datang ka para dewata ka boemi Soetji Alam Padang, gek tjalik di pajoenan paradewata.

Pok ditanja koe noe geulis Wiroe Mananggaj, dewata noe pangtjikalna: „Aideuh, girang oetoen, inggis batan maoet hinis, reuwas batan toempak djeuntas, naon pikĕrsaeun tjalik ti boewana pantja tĕngah?”

„Adeuh, girang teteh, lain naon, hajang seuweu ratoe njajak menak.”

„Amboe, oetoen, girang teteh ngadjoeroeng rahajoe ngadjijad lalampah; hade dek ka Noesa Bali, tapi koedoe djalan ka nagara Djĕnggi.”

Tidinja kalajang Raden Panandri ngaragragkeun maneh ti Soetji Alam Padang. Groedag ninggang ka pihoemaän oerang nagara Djĕnggi. Toeloej masang tabe, tabe sapoen amit ka noe boga boemi, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, tabe miloe eureun, ngeureunan palaj djeung tjape, hajang sindang ngalĕmar.

„Adeuh, oetoen, rampes, tapi teu aja dadahareun, wantoening raga masakat diri noe miskin.”

„Aideuh, girang ajah, kadjeun, lain hajang barang hakan, dek nanja ijeu hoema hoema oerang mana?”

„Aideuh, oetoen, hoema, oerang Noesa Djĕnggi, anjing kami telok kalĕmboer, tĕgĕsing ngahedjo tihang bae.”