Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/40

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

„Adoeh, Koeda Lengser, tĕgĕr manan aing teu kapalang ngestokeun ngadjatikeun asoep oeloen koemawoela.”

Katjaritakeun noe tjalik di padalëman, Praboe Rangga Malati kapalajoe koe itoengan, hajang moetrian ka noe djaoeh lĕmboerna, anggang nagarana, ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah, ka noe geulis Dewi Toelis. Njaoer ka girang pawarangna, hajang menta pananjaankeun ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah: „Owah, njai, girang si kaka kapalajoe koe itoengan, kadjongdjonan koe paratan, hajang dipangnanjaänkeun ka noe geulis Dewi Toelis, noe tjalik di Pasir Batang Karang Tĕngah.”

Pawarang dalĕm njaoer ka Djompong: „Eh, Djompong, aing koedoe dianteur nanjaän ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah.”

„Aideuh, goesti, ngiring toewang pikĕrsaeun.”

Bral angkatna madjoe djalan. Soemping damping dongkap datang ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah. Pok masang tabe kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang: „Tabe, girang teteh.”

„Haideuh, njai, rampes tjalik, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, soemĕdja toenggaling gĕna, grodjog tanpa larapan, bageja, soemping tjalik ka rorongko toewang koering.” „Aideuh, girang si njai, lamoen njoesoel njoesoel lakoe, mapag lampah tikorokotokeun tjareham hajameun, lamoen boengkoes boengkoes kareoeun naon nja pikĕrsaeun?” „Aeh, girang teteh, pibedjaeun meureun aja, djaoeh djaoeh didjoegdjoeg, anggang anggang diparanan, meungpeunan beungeut koe saweuj ngadeudeul leuleu-eur koe iteuk, poëk mongkleng boeta-radjin, hajang papahare ngasoeh ratoe njajak menak.”

„Owah, girang adi, lain nampik kasoegihan, lain madak karoewaän moemoel ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.

Girang teteh geus kagol omong djeung noe djaoeh lĕmboerna, noe anggang nagarana, djeung Koeda Djajang Sari, ponggawa di Gagar Handjoewang.”

Katjaritakeun ponggawa Koeda Djajang Sari mawang istri djĕnĕngan Ringgit Sari Rentjang Kĕmbang ti nagara Gagar Handjoewang.

„Tapi kijeu, sok girang si teteh sanggoep ka seuweu ratoe ti Pakoean asal menak Padjadjaran, tapi aja pepentaän, lamoen diajakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir si koeda boeloe landak djeung si moending si boeloe hiris, girang teteh meureun sanggoep.”