Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/36

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

aloes, ngimpi loma djeung dewata pawistri oerang nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, djĕnĕngan Raga Geulis Dewi Toelis, hajang kasorangkeun tineung.

Toeloej koredjat tanghi, teu lemek teu njarek. Tidinja ditanja koe pawarangna: „Ideuh, girang kaka, naon kasakit kapeurih, djodjong bae teu ngawaro waro? Lamoen girang kaka hajang moetrian deui, koering noe pinanjaäneun.”

„Owah, nja temen deui kapalajoe koe itoengan, kadatangan koe karatan, ngimpi panggih djeung pawistri oerang nagara Pasir Batang Oemboel Hilir; hajangeun kasorangkeun tineung.”

Bral pawarang dalĕm nindak dek nanjaan. Barang datang ka nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, toeloej nanjaan.

„Ideuh, adi, soegan daek asoep oeloen koemawoela ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran?”

„Wĕleh teu daekkeun poetri di nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, teu koemapoeroen ka ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, kijeu, njai lantjeuk, sok badan si indji daek, tapi koedoe diajakeun anak anakan kantjana.”

Toeloej pawarang dalĕm balik deui kokono ka giraug kakana.

„Ideuh, girang kaka, daekkeun oge gĕde pepentaanana.”

„Owah, indji, menta naon?”

„Ideuh, girang kaka, menta diajakeun anak anakan kantjana.”

„Owah, indji, warang woeroeng dipanejangankeun.”

Tidinja nindak ka Goenoeng Teuloe nejangan anak anakan kantjana ponggawa Dĕmang Koemitir.

Barang datang ka djabakoeta Goenoeng Teuloe, ladjoe Dĕmang Koemitir nangtang pĕrang: „Toeroen, soegan aja lalakian di nagara Goenoeng Teuloe, beubeureuh hajang padjeueung, bebene hajang patjarek, hajang patoetoemboe koemis nanggoeng tjawĕt poentir, papada boedak ngora.”

Ditoeroenan koe Pangeran Naga Kantjana, praboe di Goenoeng Teuloe. Dĕr bae pĕrang papijoeh paadoe poejoeh, siling banting, siling doepak; langgosar Praboe Naga Kantjana, eleh, ladjoe asoep oeloen koemawoela ka Praboe Dĕmang Koemitir.

Tidinja ladjoe di bawa pindah ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, ngaleut ratoe moeroed, menak mintar ti nagara Goenoeng Teuloe ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.

Toeloej poetri Lenggang Kantjana ti nagara Goenoeng Teuloe ditjawistrakeun djeung poetra dalĕm di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang. Toeloej andĕg pawarang.