Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/27

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Toeloej Praboe Moending Liman koe Praboe Koeda Wangi ditjawistrakeun ka adina Lenggang Wangi. Didinja geus gĕnah di alasan Goenoeng Wangi dina papanggoengan.

Katjatoerkeun dahoewan dalĕm ti nagara Pasir Batang leungitan girang tjarogena; nja kapanggih dina papanggoengan di alasan Goenoeng Wangi.

„Ideuh, praboe lantjeuk, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe kamoengkoereun.”

„Ideuh, girang adi, oelah toemangtoeng toenggaling gĕna, grodjog tanpa larapan, rampes tjalik ka girang adi.”

Tidinja ditanja: „Koemaha dek ngabadik ngabaratanghi didijeu atawa mohal?”

„Ideuh, girang praboe, hĕnteu, mohal heubeul dja teu karasan didijeu di leuweung di weuteuhna, dek balik deui bae ka nagara Pasir Batang.”

„Ideuh lamoen dek balik, mihape girang si indji, dja mohal balik ka nagara Pasir Batang.”

Bral balik saha noe ditoeroet saoer, didenge tjarek noe bagoes Mama Loerah, bat pangĕmban dalĕm Hatoet Goegoer Boesijat Hoedjan Gĕlap Njawang Teu Tinggaleun, bat tjena seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, bat girang doenoenganana noe geulis Nimbang Kantjana, bat dahoewan dalĕm noe bagoes Pangeran Koeda Kantjana.

Toeloej angkat di leuweungna di weuteuhna, koeroesoek di reuma boesoek, katjatjang di reuma lantjar, dangdeung ka sampalan ageung; goeroedag ka pisawahan. Soemping di sawah toenggilis di sawah lĕga tjoendoek, ti sawah marijoek soemping di sawah toengigilis. Goeroedag ka sawah tadah tande hoedjan ngaranna tipar teja. Groedag ka lawang kikis, lawang kikis bahan djati, toelak soengsoeng beusi woeloeng, kratag tjatang kalapa disoengkian koe tjatang pinang, bisi aja badjo ngalalana, nalangkas kasampak mega, nemplang ka deupa sisir. Goeroedag ngalalar di djabakoeta, soemping di lawang saketeng di aloen aloen pasar agoeng, ganggalang singaboeroean, tjalik ka padalĕman; nja didinja gĕnah toemaninah di padalĕman nagara Pasir Batang.

Njaritakeun Mama Loerah aja di pakĕmitan kapoeroejan koe tjiiboen, kapanah koe tjandradita, katodjer koe sarangenge, sila nanggeuh kataweuran, marĕk tapa ka girang goestina, midengdek toewang parentahna. Toeloej njaoer girang goesti.

„Owah, kaka toeha, masing amit paraniti, masing bisa paratjeka ngaraksa diri di mantĕn.”