Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/19

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Tidinja dihiroepan deui koe noe kasep Langga Sari; ladjoe asoep oeloen koemawoela.

„Ideuh, girang adi, soemangga tjalik ka padalĕman girang si kaka”. „Owah, girang adi mohal tjalik, dja noenggoean girang dahoewan dalĕm noe tapa di Boewana Njoengtjoeng, Pangeran Naga Boewana. Sadjeroning tapa, tĕpoeng lampit djeung Praboe Ajah Sapoetoe Hijang Bajoe.”

„Ideuh, oetoen, dek naon manan tapa kabina teuing.”

„Hajang ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.”

„Ideuh, moen ngarah sakitoe bae mah meudjeuh, dja geos djadi djabakoeta nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.”

Toeloej balik ngadjalanan Pangeran Naga Loemenggang.

„Ideuh, oetoen, titah balik koe praboe ajah, meudjeuh, oelah tapa, dja ĕnggeus aja di nagara Pasir Batang di djabakoeta; tapi oerang balik koedoe djalan ka Batoe Noenggoel, ngadjalanan Pangeran Tadji Koesoema djeung girang aisna nji Rangga Geulis Lenggang Koesoema.” Toeloej angkat ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng, ngapak ngawang ngawang, barabat wajakamana, madjoe datang ka djalan marapat opat. Toeloej ditoenda heula tjarita nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, njaritakeun deui girang ramana di nagara Pangrajam, toeloej kai Pangrajam leumpang djeung Pangeran Simbar Kantjana, Rangga geulis Limar Kantjana, njijar girang seuweuna. Goeroedag datang ka djalan marapat opat; bet geus aja girang seuweuna.

„Ideuh, soehanan paman, dek kamana?”

„Poegoeh leungiteun girang seuweu Praboe Langga Sari, soegan aja katĕbeh dijeu.”

„Ideuh, girang paman, montong disijar girang si oetoen, dja geus aja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, angkat ti djalan marapat opat noetoerkeun Pangeran Naga Boewana ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.”

Katjaritakeun soemping damping dongkap datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, manan tapa kabina bina teuing, hajang ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, tĕpoeng lĕsoeng tĕpang gĕlang djeung girang ajahna di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.

Koempoel sadoeloer rahraj sababaraja patĕpoengan patengok sono, wantoe geus heubeul teu papanggih. Toeloej Praboe Langga Sari ngeusi di padalĕman, njoenggoeh kana kasoer baboet, njarande kana bantal soetra, njarande kana lalangse tjinde, tjalik dina goegoeling