Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/16

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

II.

LALAKON LANGGA SARI.

——————

Radjahna: Awaking dek make pasang pasadoean ka loehoer ka sang roemoehoen ka handap ka Batara Sanoergaha ka Poeatji Sewaklarang, nitipkeun sora awaking ka Poeatji Djĕnggik Manik, poelang ka loehoer ka Sangngoembang ka Sangngamboeng katĕroes atina soekma manglawoeng, dek ngamitkeun poetra sahidji, noe pandjang pilalakoneunana, noe bagoes Praboe Langga Sari Patang Wangi, noe seda di Goenoeng Pangrajam.

Kotjapkeun noe bagoes Praboe Langga Sari, keur seda di Goenoeng Pangrajam saha girang ramana noe bagoes kai Pangrajam girang iboena noe geulis njai Pangrajam; ditjaritakeun piderekanana misan Pangeran Simbar Kantjana, ngigirkeun girang adina noe geulis Limar Kantjana.

Katjaritakeun noe kasep Langga Sari oendoer ngalejos, ngĕrik pikir bingoeng kalboe, girang ramana leungiteun poetra sahidji, teu bisa njoesoel. Tjalikna Praboe Langga Sari di Goenoeng Larang di saoeng serang loemajoeng. Didinja andĕg ngadoenoeng pawistri ti Pasir Batang noe geulis Lenggang Manik. Katoenaän dahar toeloej baramaen ka saoeng gĕde ka Djamang_Hadji, Djamang Koening, Djamang Beureum, Djamang Hideung. Boro ampar dibere barang dahar, toeloej diparagasa. Kadenge koe saoeng serang loemajoeng koe Praboe Langga Sari; toeloej ditoeroenan. Ladjoe ditangtang koe noe kasep Langga Sari: „Geura toeroen sada mangsana, soegan aja lĕmboe woeloeng beunang ngoengkoeng, badak meunang njangtjang, seuh mangseuh lamoen teuneung, lamoen loedeung, ajeuna geura mangsana, teu pindo gawe nja pilantjaneun aing.”

Toeloej silih awoer koe tjidoeh, silih boera koe pangabisa; poendoeng Praboe Langga Sari; reup deuleuna, ngeng dengena, ditjĕkĕl poendoekna, diadoekeun, prok peupeus hoeloena, ditoedjahkeun langgosar.

Bral angkat noe bagoes Langga Sari keupat ngawang ngawang